Selasa, 27 Agustus 2013

Carpon: Kaduhung Sagedé Gunung Gedé, Tribunjabar, 31 Jan, 1-2 Feb 2012

versi cetak
karya : Dadan Wahyudin
Tribun jabar, Selasa, 31 Januari 2012
PIWURUK GURU téh geuningan karasa ayeuna mah, yén diajar kudu soson-soson, bisi kaduhung jagana. Béda jeung harta banda, élmu mah moal hésé mamawa. Moal hariwang digarong atawa aya nu nyopét. 
Baheula basa bapa jumeneng kénéh, kuring pada ngogo ku koléha bapa, dipihormat tur dipikaajrih ku balaréa.  Ma’lum bapa  ngagem kalungguhan, kungsi jadi kadés dua periode di wewengkon Cidaun Cianjur Kidul. 
Ayeuna hirup kacida balangsakna. Aya paribasa, jalma mah mending urut jalma sangsara, tinimbang urut jalma beunghar. Tumiba ka diri kuring, rajakaya anu bro di juru bro di panto ngalayah di tengah imah ceuk nu rahul mah moal béak tujuh turunan tétéla korédas sakereles, lir cihujan ragrag kana daun taleus. Sawah, balong tur kebon, cohagna mah satungtung deuleu ti pasir beulah wetan ka pasir béh kulon  ladang ngumpulkeun nalika bapa nyepeng kalungguhan, kiwari taya nu nyésa.  Kuring teu bisa ngokolakeuna. Alatan untung kalah buntung.
Usaha mercayakeun modal ka batur mah loba kabelejogna.  Satadina mah, hayang hirup énténg tina invés saham, hirup geunah kari ucang anggé, unggal bulan teu weleh nampa bagi-hasil atawa pelesiran dina pakansi.
Ari dina promosina mah matak kataji, pinter pisan ngirutna. Usaha pakét ngabibitkeun hayam pelung anu sapakétna ukur 10 juta, jangka dua taun baris balik jinis tur batina mayeng ditransper kunu ngokolakeun ka nu nyimpen modal salila lima taun. Majar manéh téh keur ceuyah, loba pesenan ti mancanegara anu raresepeun ku halimpuna sora hayam, minangka ternak pinunjul teureuh Cianjur.
Kaduana, ancrub dina usaha hayam patelor. Kuring salaku invéstor teu kudu nyaho di mana jeung kumaha miara hayamna,  nu penting mah setor duit pakét ka bank. Lamun panasaran kana rupa hayam atawa kaayaan kandang hayam mah, cukup muka waé internét. Aya poto-potona kumplit, tinggal di-“download”. 
Bulan kahiji mah wayahna sing sabar, acan aya bagi-hasil, da hayam endog mah ngendogna dina mangsa nincak umur 6 bulan. Jadi di bulan katujuh kakara dibéré hasilna.  Itungana kaharti ku akal, nandakeun cirining usaha riil.  Coba tengetan: duit 5 juta cenah dipaké meuli 100 bibit hayam, dina mangsa 6 bulan bakal endogan, produksina ditaksir 50 perséna, sabulana diitung 28 poé, jeung hargana  500 rupia tina saendogna. Ngarah teu kudu ribed, duit bagi-hasil kari ditungguan, baris ditransper langsung kana  nomer rekening séwang-séwangan. 
“Janten tina 100 hayam dikali ukur 50% dikali 28 dinten teras dikali Rp. 500 minangka harga endog, hasilna kénging 700.000 rupia sabulan kanggo Adén. Tah dikali deui 12 sasih pami dina sataun panginten Adén ngeupeul  8.400.000 rupia. Cobi lamun 3 taun pas hayam diapkir, 25.200.000 rupia lebet kana saku Adén, tina jinis ukur 5 juta,” kitu promosi si Odéd harita bari mencétan kalkulator.
“Ari pausahaan meunang bati ti mana?” cekéng téh can pati kaharti.
“Pausahaan tina ladang ngical bibit gé tos untung, da méséran langsung ti patani anu gaduh pancén miara hayam ti DOC nepi ka dara ukur 15.000 rupia, ku pausahaan diical ka invéstor Rp. 50.000, aya langkung 35.000 rupia sanés? Tah, pami hayam ngendog langkung ti saparona,  tur harga di pasar langkung ti 500 rupia sareng gaduh sésa dinten ti étangan 28 dinten, éta minangka bonus pikeun pausahaan. Sareng deuih tiasa ngical hayam apkir sareng gemukna,” cenah teu kireum-kireum ngadoja kuring ku basa anu soméah daréhdéh, abong calo. Kuring bati unggut-unggutan tandaning kaharti.
Prospéktip, kauntungan nikel, balik jinis gancang, teu capé jeung énténg, duit baris balik bari reundeuy anakan incuan ha ha…. nu model kieu cocog  jeung cita-cita kuring, cekéng dina haté.  Béléngéh kuring seuri sorangan.  Emhh, hirup asa kubagja. Kieu ari geus gurat hirup pibeunghareun mah.  
Ayeuna lamun ngandelkeun ladang tina sawah, teu kaérong hasilna. Tilu bulan disambut, biheung kaala biheung moal. Pangpangna hama wereng jeung beurit mahabu taya reureuhna. Kitu usaha séwa parahu teu bisa dibawa lumpat, usum pabaru mah pamayang balayar téh sarieuneun, ombak tingjelegur ngagulung méh sasuhunan imah.
Sawah warisan ti bapa satengahna ahirna dijual pikeun modal pakét hayam. Kaasup kabéh parahu titinggal bapa ogé kapaksa dilégo pikeun usaha miara lauk emas di jaring apung di Panté Malébér Cirata. Invéstor cukup  nyadiakeun modal, teu susah ilubiung miara laukna.
di TRIBUNJABAR, Rabu,  1 Februari 2012 
Dunya mah teu lurus. Loba pungkal péngkolna. Kitu ogé tabéat jalma, réa ukal ékolna, mindeng kalimpudan ku napsu jeung hawa sarakah.  Aturan anu hadé tur bengras, diarakalan ukur alus dina biwir wungkul. Dina prak-prakana mah mémbléh...  Program pakét tarékah nataharkeun pikeun ngaronjatkeun kasejahteraan rahayat, loba diarakalan pikeun ngarawu duit gedé kalawan gancang.  Geus papada sipating manusa, hayang senang ku jalan énténg.  Tabéat éta diulik ku jalma jahat. Ngarah percaya biasana kiriman duit “bagi-hasil” munggaran mah ngahaja sinah lancar, maksudna ngarah pabéja-béja ka batur.  Beuki euyeub nu jadi anggota beuki loba nu kudu dicumponan, antukna pakét teu kabayar, palakuna mun teu dibui paling minggat.
Eta nu karandapan ku kuring.  Kuring duka invéstor ka sabaraha, nu jelas ukur kabagéan dua bulan transperan duit bagi-hasil téh, kabéhdieukeun lapur. Rék ngalaporkeun ka pulisi, saha nu dilaporkeuna, da si Odéd ukur calo wungkul. Rék diontrog ogé kantorna gé ukur nyéwa ruko anu kiwari geus ganti nu nyéwa. 
Sésa sawah ahirna ledis nungtut dijualan dipaké pangabutuh hirup sapopoé. Ayeuna kari imah butut, anu suratna geus diborahkeun ka réntenir. Imah urut badéga jenatna bapa baheula, anu maot taun kamari kalayan teu boga kulawarga, nya dijadikeun panganjrekan kuring. Geus dua kali si Ejé datang, cenah lamun manéhna datang deui katilu kalina, heug kuring can bisa naur hutang, bakal diusir. Emh, aya ku raja téga ari ucing garong…
Ras nyawang ka mangsa katukang. Jelegurna paul ombak basisir Cidaun umpal-umpalan katara endah ngagenyas. Pamayang sibuk nurunkeun lauk hasil balayar sapeupeuting nyorang sagara pikeun makayaan kulawargana.  Gara-gara kolot teu bisa ngatik ngadidik turta teu nyiapkeun pibekeleun hirup budak ka hareup, jalan hirup kuring pohara tarahalna.  Kétang kuring ogé rumasa.  Taya hojah, gawé ngan ukur ngadudut duit  ti patani atawa pamayang anu buburuh ka bapa.  Duitna dipaké ulin jeung meulian nu teu paruguh.
Nu matak basa disakolakeun ku bapa di Cianjur Kota gé, kawas kuda leupas ti gedogan. Sagala kahayang dianteur. Kuring jadi gedé hulu, hayang meunang pamuji ti batur, yén sanajan kuring asal ti lembur bau lisung nu adek ka laut kidul, dina hal gaul kuring teu éléh ku urang kota.
Sabalikna, kana palajaran justru tibalik, kuring mah kacida weugahna, hésé ngartina, gampang pohona, loba mabalna batan asupna. Lamun kawénéhan aya batur sakelas anu rajin diajar, mindeng dijejeléh.
“Laah, Na. Getol-getol teuing diajar. Persidén geus aya, menteri geus aya, tentara réa, pulisi balatak, paling jadi tukang tambal jiga bapa manéh  ha ha ha…” ceuk kuring ka Asna anu keur ngadekul maca buku bari dipungkas ku seuri ngagakgak. Diigelan ku balad kuring  kawas si  Waton, Sulé, Lépos, jeung si Item tinggaragakgak bangun ku sugema. 
Eta mah kajailan leutik. Dosa kuring nu moal bisa dipohokeun ku Asna, sigana basa ngarebut Andini ti Asna.  Harita Asna minangka Katua OSIS di sakola, Andini sekretarisna. Dua rumaja aktip dina kagiatan sakola. Jajaka jeung wanoja keur ngalaman mamanisna meungkeut katresna minangka cinta munggaran baruntak alatan kuring. Kuring meredih ka bapa kuring sangkan bisa mibanda Andini anu kabeneran bapana koléha bapa kuring. Pa Bisri, bapana Andini ngabandar kalapa di kota Cianjur, anu barangna mindeng  dikiriman ti Cianjur Kidul.  Taya lian beunang ti anak buah bapa di wewengkon Cidaun.
Pikeun mayengna bisnis kalapa tur sérab ku kalungguhan bapa,  Pa Bisri teu bisa pakumaha, najan Andini keukeuh hayang kuliah, ahirna tumarima dikawin kuring. Kuring ka balé nyungcung ngawangun rumah tangga dina umur rumaja kénéh.
Basa Andini direbut ku kuring, Asna katangar ngalanglayung. Tapi najan kitu, Asna getol nyelangan bapana milu nambal, malah mindeng maturan bapana nepi ka peuting. Tamba kesel nungguan pasén, Asna rajeun maca buku di kiosna.   
“Punten…” Gebeg. Kuring reuwas kacida.  Jajantung ratug tutunggulan méh copot sapada harita. Sok sieun si Ejé jadi ngusir.  Imah butut ogé geuning kacida mangpaatna.  Bisa méré martabat kuring salaku kapala kulawarga. Tempat reureuh anak pamajikan. Lamun heug diusir, atuh rék ngiuhan di mana, pamajikan jeung budak dua. Palias ari kudu ngalaman saré di saung kardus atawa kolong jambatan. Ah, rék dilawan, kitu-kitu teuing, rék diasongan bedog sugan. Kuring kabawa napsu!
Barang panto dibuka tétéla lain si Ejé. Haté bungangang.  Horéng budak ngora kakara lulus SMA. Manéhna ngirim ondangan ti Asna, cenah Asna hayang reuni leuleutikan jeung batur sakelas anu mancén tugas atawa nganjrek di wewengkon pakidulan Cianjur Tempatna di pendopo Sindangbarang Ahad hareup.
Barang telek nu ngondang Asna, kuring langsung su’udon. Nyel haté ngahéab. Ukur kekerot, teu bisa pakumaha. Asna ngahaja rék ngawiwirang kuring di hareupeun batur sakelas pédah manéhna geus jugala. Manéhna masih boga haté kadua leutik ka Andini urut bébéné manéhna anu direbut ku kuring. Sanajan hirup aing nangkub, cadu ari kudu serahbongkokan kitu peta mah.   

di TRIBUNJABAR, Kamis, 2 Februari 2012 
Tétéla geuning….. Asna beda jeung sipat kuring anu teu weléh ngalajur napsu ngumbar amarah. Haténa beresih lir cai gunung ngagenyas hérang taya geuneuk maleukmeuk saeutik-eutik acan. Najan kungsi dinyenyeri ku kuring, éh soléh henteu dendem, daréhdéh jeung akuan teu dibuda-béda ka sakumna baturna kaasup kuring.
Asna mah motékar, kuring gé muji. Najan hirup kumbuh di sisi jalan mindeng mantuan nambal jeung bapana  sarta ukur tamat SMA, kiwari Asna jeneng. Sikep disiplin  tur tulatén anu ngancik dina dirina geus nganteurkeun jadi pangusaha béngkél nu boga ajén sakabupatén Cianjur. Asna rék ngagarap wewengkon basisir Cianjur Kidul kayaning Naringgul, Agrabinta, Sindangbarang jeung Cidaun pikeun “ekspansi” usaha béngkélna.  Lian ti éta, Asna boga niat ngajeujeuhkeun batur sakelasna anu masih kénéh ngaligeuh atawa teu boga gawé matuh, utamana anu nganjrek di pakidulan, rék diajak usaha babarengan.  Sakalian Asna ménta do’ana réhna bulan hareup rék indit jarah ka tanah suci sakulawarga.
Réngsé ngawangkong ngalor-ngidul, batur-batur Asna anu butuh pakasaban ku Asna diajak ngobrol sacara pribadi minangka wawancara. Batur-batur séjén nu boga gawé merenah mah tuluy uplek ngaguar mangsa éndah di sakola baheula. Kuring satadina mah rék mabal kasieunan, ku sikep Asna sakitu soméahna teu jadi.  
“Dupi, Adén kersa nyepeng Kapala Bengkel Cabang Cidaun? Supados caket sareng kulawargi…” ceuk Asna meni daria naker bari tetep ngaadénkeun ka kuring. Kuring samar polah. Sakedapan ngembang kadu rék dibéré jabatan sakitu luhungna.   
“Aduhh, punten sanes nolak pangasih, Pa Asna. Rumaos abdi mah jalmi teu gaduh kaparigelan nanaon, ku badé diangkena janten padamel ogé kalintang bingahna,” ceuk kuring teu sakara-kara dumadakan bisa basa lemes, biasana garihal jeung saengabna. Lain teu daék jadi Kapala, duméh teu boga élmu nanaon komo kudu ngamenej pagawé sagala. Kumaha mun bangkrut? Mending gé jadi pagawé biasa wé, kitu galécok haté. Si Junéd mah pantes dipersén Kapala Béngkél di Agrabinta kapan lulusan tehnik Suryakancana, kitu ogé si Deni di Naringgul manéhna jebolan tehnik Itenas Bandung.
“Kinten-kinten cocog di posisi mana Dén, supados abdi gampil metakeun karyawan kanggo di cabang Cidaun? Wios kepala cabang Cidaun urang eusi ku padamel ti pusat,” ceuk Asna bari ngagutret nyentangan format  eusian wawancara.
“Ah, abdi mah wios wé atuh bagian ngahampelas  atanapi ngelap mobil anu atos diservis wé, éta gé manawi kaanggo..” ceuk kuring tungkul.  Haté bati kumejot jeung gereget dibéré kalungguhan sakitu hadéna, bet ditolak. Kaduhung sagedé gunung gedé,  Baheula kedul diajar, teu nurut ka kolot jeung ka guru.  Sakola saukur lulus wungkul, teu boga kaparigel nanaon. Ahirna sué. Kasempetan moal datang dua kali, ceuk si Sulé mah.  
Lamunan kuring kagebah ku sora resleting basa Asna muka kantongna.
“Ieu gajih Adén anu munggaran!” ceuk Asna bari ngasongkeun amplop bodas.
“Naha? Kapan abdina ogé teu acan damel?” cekéng semu kerung, teu wani nampa, bisi kuring disangka baramaén ilubiung dina gempungan ieu. Sudi teuing!
“Sadaya karyawan abdi mah, gajihna dipayunkeun, supados suhud sareng tiasa kanggo modal di damel,” ceuk Asna daria bari mémérés kantongna.
“Sareng ieu, katineung ti pun bojo, anu teu tiasa nyarengan. Lumayan kanggo boro-boroeun anu di bumi. Sumangga ditampi!” ceuk Asna méré kontang anu eusina emi, abon, sardencis, sirop, tauco, jeung rupa-rupa kueh. Panyangka téh, Asna ngahaja rék ngabeubeutkeun martabat kuring pédah hirup kuring ayeuna keur sué atawa masih kénéh boga duriat ka Andini. Panyangka kuring nyalahan. Sabot ditanyakeun ka si Junéd jeung si Déni, singhoréng papada mareunang amplop jeung kontang. Kitu ogé si Waton balad kuring anu sapopoé nyalo di stamplat Sindangbarang diperenahkeun jadi Satpam di béngkél cabang Sindangbarang sarua pada kabéré..
“Aya keur ngalunasan si Ejé jeung pangbagéa nu di imah,” gerentes haté satengah lumpat muru angkutan anu ka Cidaunkeun.  Hayang geura-geura amprok jeung Andini katut barudak.  Rumasa lamokot ku dosa. Geus moporékeun jeung nganyenyeri wungkul. Turta jangji rék ngawangun kahirupan anu hadé, bari miceun sagala su’udon.  
Alhamdulillah Gusti, kuring diparengkeun boga batur anu haat bisa méré sumanget turta ngajait tina lamping anu lungkawing. Sajajalaneun angkutan mapay basisir,  tingjelegurna ombak sagara Hindia nu satadina pikakeueungeun katara éndah mawa harepan.. **** (Pasirgede, Kampus Suryakancana kasorenakeun, Cianjur)