Rabu, 07 Desember 2011

CARPON: JURIG PESBUK



ku Dadan Wahyudin

(dimuat di majalah Isma, Cianjur Edisi 112 Tahun XII 23 Nov-22 Des 2011)

Teu pira ukur dua kecap. Kasigeung ku pamolah kuring. Bener ceuk paribasa letah mah teu tulangan. Lisan leuwih nyelekit kana hate batan maut hinis. Alatan status pesbuk Minggu kamari, dumadakan kuring diputuskeun ku Neng Ani.

Aeh, geuning pesbuk lain lisan, tapi ku tulisan. Bener dawuhan Sayidina Ali bin Abu Tholib, cenah tulisan ge sarua leuwih bahaya tibatan congo pedang. Teu pira ukur dua kecap, geus ngaburantakkeun sumanget hirup kahareupna.

Kakara kaharti ku kuring, geuning maen pesbuk tèh loba mudorotna batan maslahatna. Alatan pesbuk, loba jalma taya hojah, gawena ngan carindekul nyoro’o hape. Ti isuk jegur nepi ka sore jeput anteng dipepende ku dunia maya anu geus jadi simbol manusa modern tea. Teu di buruan, di sakola, di mol, atawa di angkutan kota, malah teu sirikna di dapur, loba jalma anu sibuk sorangan, malah sakapeung mah katara siga nu owah. Ngomong jeung sura-seuri sorangan, tara ieuh nolih ka batur sagigirna.

Da èta, mangsa baheula mah ari ngobrol tèh ukur di golodog bari nyiar kutu, mun teu ngabudalkeun bangbaluh hirup minangka curhat paling ngagosip ngomongkeun batur. Atuh bapa-bapana, bari maen kartu di pos ronda naon deui atuh ari lain ngadurenyomkeun randa bengsrat di kampung sabeulah. Sigana èta pasipatan masarakat tèh diulik kalayan geten ku pausahaan pesbuk. Heueuh, kreatip pisan tah nu nyieun pesbuk. Ngigelan jalma anu puwadaksina resep ngobrol atawa gibah. Ukur mencet hape, bisa ngobrol naon waè, ti ngabahas kasus Gayus Tambunan, gosip artis Anang-Krisdayanti atawa obrolan maen bal di mancanegara. Malah obrolan pulitik ogè ayeuna mah teu didingdir kelir deui nembrak, teu menak teu cacah bisa ilubiung ngabahas sual pulitik anu haneut, anu baheula cadu dipedar.

Lamun geus ancrub jadi pesbuker, landian keur komunitas nuboga pesbuk, bobolokot sok poho sagala-gala. Nu rajin sok kabawa males, nu sipatna males beuki komo deui tambah males. Poho kana pancen gawe, malah sok poho solat, da kagok jawabna. Nu watir mah, loba nu mentingkeun meuli pulsa batan meuli beas. Heueuh keur maraban juragan pesbuk nu teu weleh nelegan pulsa. Unggal poe kudu seba pulsa ngarah bisa OL, lamun teu dipulsaan mah juragan pesbuk tèh sok olo-olo alias mogok. Kapaksa pesbukerna kokotetengan neang waragad pikeun meuli pulsa keur ngadeuheus juragana…

Nyaèta, ti saprak Minggu kamari kuring jadi ceuceub pisan ka nu ngarana pesbuk tèh. Cua, teu hayang deui OL atawa muka status. Paduli teuing babaturan kaleungitan ge, nu saacana teu weleh ngaganteng unggal bada Magrib, kukurusukan di jagat maya. “Jurig pesbuk” dilandina ogè ku kuring ayeuna mah. Ukur nelegan pulsa, teu kolot teu budak. Nu untung mah pausahaan pulsa we, jadi beunghar. Pinter maranehna mah, tara angkaribung ngunjal jeung teu beurat mamawa pulsa.

Bebene kuring anu dipikaasih beurang peuting, Neng Ani ngejat ninggalkeun kuring alatan pesbuk. Teu pira ukur nulis dua kecap. Dua kecap anu meunggaskeun duriat kuring ka manehna. Neng Ani anu teu weleh ngancik dina jero hate, geus paheut rek sapapait samamanis, nyeri hate ku eusi status kuring dina pesbuk.

Padahal sumpahna ge lain, lain keur anjeun, Neng An! Di pesbuk mah ocon atawa heureuy tèh biasa, tong serius teuing. Kuring atawa sohib sok rajeun nempel poto atawa tulisan, ogè nyieun status nu mahiwal tèh, ngarah panasaran sohib-sohib sejen. Lamun meunang komentar leuwih ti sapuluh, hartina status pesbuk kuring laku, bakal rame, kana rating bakal naek, kuring jadi popular. Èta matak reueus pikeun pesbuker tèh, da ari honor kikituan teu aya eleh ku barakatak Mangle.

Harita mah heureuy kuring neunggeul pisan hate Neng Ani anu asa dileleceh harkat jeung martabat dirina jeung kulawargana. Sabalikna, pikeun kuring oge lir guludug dina panas poe ereng-erengan, teu hujan teu angin, Neng Ani ujug-ujug males status kacida kuciwana ku polah kuring.

Lain ku nanaon, Neng Ani estuning mojang aktip tur pinter. Keur geulis rupa, parigel kana sagala widang. Aktip di Karang Taruna di lemburna, anu euyeub ku prestasi, saprak dipupuhuan ku Neng Ani. Dumadakan sohor sa-Kabupaten mah. Pangpangna sohor tèh, kapan sukses dina ngokolakeun program pamarentah kabupaten dina miara lingkungan “go green” tea. Karang Tarunana boga ajen dina miara kembang hias, ti ngabibitkeun, nyieun pupuk organik nepi ka sukses masarkeuna. Teu hemeng, loba instansi pamarentah jeung organisasi pamuda sejen ti luar ngahaja studi banding ka Karang Taruna nu dipingpin Neng Ani.

Ceuk batur kuring, bagja temen kuring meunangkeun Neng Ani mah. Neng Ani mah wanoja singer, supel, tur darehdeh. Tangginas dina gawe ogè leubeut ku pangarti. Èta dina biantara ge, meni capetang pertentang tèh nyaan abong manukna dina miara kembang tèh, ma’lum kapan masih keneh tolab elmu di Fakultas Pertanian. Atuh dina ngajak masarakat, pinter pisan ngirutna, kalayan sukarela masarakat milu aktip ngarojong program ieu milu miara kembang hias di buruan sewang-sewangan. Munasabah atuh komplek parumahan tèh asri jeung resik.

Ayeuna karasa kosong hate tèh. Ngangres, tunggara, balangsak. Sok nineung, biasana maju peuting tèh haneuteun najan ukur ceting dina pesbuk. Ayeuna mah estuning jempling rehe. Ukur lalangit kamar kos nu pulas bodas dipapaes ku sakadang cakcak anu ngadodoho reungit pikeun mangsana. Pangacian nyawang mangsa endah jeung Neng Ani, minangka adi angkatan di kampus beda fakultas. Kuring rajeun mantuan tugas-tugas mahasiswa anyar dina mangsa ospek, nu ahirna jadi cukang lantaran kacangreud ati meungkeut katresna.

Geus saminggu, kuring teu muka pesbuk deui, baluas keneh ku komentar Neng Ani anu mangrupa komentar panungtungan. Saeutik mantak nyentug, majar kuring tèh “sakola tapi teu nyakola” anu dipungkas ku komentar nutup panto hatena pikeun kuring. Senjata makan tuan siah, kitu ceuk si Omen tea mun apaleun mah. Nu matak hirup mah kudu asak timbangan ceuk kolot baheula mah.

Dunia selebriti dina layar kaca nu sok ngagosip bintang pilem atawa pajabat milu mangaruhan tabeat pamirsana, kaasup kuring. Paduli teuing nu jadi objekna nu diadurenyomkeun, nu penting mah rating beritana naek, nu masang iklan loba. Eta mah tipi, ari ieu mah status pesbuk. Jigana paduli teuing nu jadi bukur caturna mah, nu penting sohib sugema, aing gumbira titik. Èta pisan nu karandapan ku kuring.

Èta atuh pirajeuneun nempelkeun poto doger monyet nu keur euyeub di unggal parapatan lampu merah dina status pesbuk kuring, teu pira ukur ditulisan dua kecap : “Sarimin Berkacamata” anu diigelan ku sohib-sohib kuring ku komentar-komentarna matak beureum ceuli, jauh tina tata etika, arasal eungab, ma’lum barudak atah didikan.

Horeng Pa Sar, sok disungkeman ari nganjang ka Neng Ani, sugan tèh Pa Basar, ari horeng tèh geuningan Mang Sarimin, Bapana Neng Ani. Hampura, Neng!

Gara-gara jurig pesbuk. Halik siah nyingkah.. … ****

Pasirgede - Kampus Suryakancana Cianjur

Minggu, 30 Oktober 2011

Barakatak Kenging di Beus Garut

Taya nu meuli
Paingan ngasong dorokdok dina beus Karunia Bhakti di Padalarang ti poe kamari weuteuh taya nu noel-noel acan. Èta gara-gara si Ibro, taya hawe, gambar sapi tèh diletahan ngelel, atuh panyangka nu meuli mah dorokdok tina kulit anjing. Beu …

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana
Cianjur


salah jurusan
Gara-gara salah teu nyebrang jalan, naek beus Do’i ti Cipacing, rep sare, panyangka tèh geus nepi ka Ciawi Bogor, ari teun diturunkeun di Ciawi Tasik.

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana
Cianjur


pait
Sugan we dahar jeung paria waè mah, hirup tèh moal pait jeung peuheur deui. Kitu ceuk Kang Ohim mun hayang hirup amis di dunya mah, sualna nu paitna milu palid jeung paria.

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana
Cianjur

Sabtu, 20 Agustus 2011

Asa Kana Motor Waè, Mangle,Edisi 2332


oleh: Dadan Wahyudin

Biasa kana motor mangtaun-taun, matak hese dileungitkeun. Sanajan ganti kana mobil, asa aing mawa motor we meureun. Èta nu kaalaman ku Mang Emod, supir pribadi lanceuk kuring.

Lanceuk harita aya kaperluan ka Pasarbaru. Rek balanja baju bawaeun ka Surabaya. Turun hareupeun Pasarbaru, ari mobil dibawa Mang Emod belok ka Jalan ABC, muter ka Kebonkawungkeun. Mang Emod ka Kebonkawung dititah meuli tiket kareta pikeun ka Surabaya poe isuk. Ngarah kabagean korsi anu ngariung, da ari didadak mah geuning, korsi kareta sok ukur panyesaan, teu bisa ngariung opatan.

Lanceuk rengse balanja, nya beunang dua kantong keresek mah babawaan tèh. Na, ari kaluar ka sisi jalan harita hujan ngagebret. Atuh geuwat ka jero Pasarbaru deui.

Buru-buru lanceuk nga-SMS ka Mang Emod anu dititah meuli tiket. Geuwat cenah, rek muru jugjugeun ka tempat sejen. Ma’lum isukan rek miang jauh. Kudu sagala dibereskeun harita keneh. Ngarah isuk kari jung we miang …

Harita hujan ngagebret maseuhan jalan. Teu lila, saterusna mah hujan angin-anginan. Ngan baseuh we mun teu dipayung atawa make jas hujan mah. Cileuncang awur-awuran ka jalan, sigana kamalirna kapeundeut ku runtah. Cai warnana hideung diteuteup anteb ku lanceuk, anu sakapeung nyebrot kadupak gilinding mobil.

Gebeg. Lanceuk ngarenjag tina lamunana. Meh ampir sajam satengahna merhatikeun cileuncang anu seseleket neangan liang cai jiga nu hayang geura nepi ka walungan. Ka mana ari Mang Emod, boa mogok atawa macet kituh?

Teu talangke mencet hape, teu lila nyambung :

“Masih ti mana keneh Mang? Abdi lami ngantosan yeuh..” ceuk lanceuk elekesekeng teu genah cicing.

“Di Kebonkawung keneh, Bu..” tembal manehna.

“Na, tos ampir dua jam yeuh…antri tiketna atawa macet komputerna?” ceuk lanceuk deui.

“Ngantosan Hujan, Bu!” tembal Mang Emod kalem.

“Apan kana mobil, lain?” ceuk lanceuk rada ambek.

“Aeh, leres. Muhun, Bu. Aduh Punteun pisan... Raraosan tèh kana motor..” tembalna bari gura-giru muru mobil anu tadi dikasisikeun. Lanceuk bari dibarung ku keuheul ogè, teu burung mesem ogè ku polah Mang Emod. Kawasna asa make motor waè Mang Emod teh, lamun hujan sok langsung nyisi sieun kabulusan. Sualna meh 10 taun Mang Emod tèh pakasaban tadina kana ojeg. Aya-aya waè…***

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana
Cianjur

Carita Sawo, Mangle No. 2335


Lamun diguar deui, ngeunaan carita sawo basa Kuliah Lapangan Sosiolinguistik mata kuliah Prof. Yus di Cijagang Cikalongkulon bulan kamari, matak pikaseurieun batur kuring saparakanca. Eta carita sawo, kieu ari caritana mah.

Kelompok kuliah lapangan dibagi dua, hiji diimah perenahna sisi jalan raya, ari hiji deui mah tukangeuna. Kelompok kuring mah kabagean ngeusian imah sisi jalan, ngan kuring salaku panitia kudu merenahkeun heula kelompok sejen di imah tukang. Ngarah tarapti, moal pahibut engkena.

Aya kana dua jamna, kakara kuring muru kelompok sorangan. Asup ka tepas, gek diuk gigireun Pa Akrom. Dina meja ngalayah suguheun, aya cai enteh, wajit, jeung lalawuh sejen balatak siga nu tas “ditampi dengan senang hati” ku para sohib téh. Aya ku reueus pribumi urang lembur, haat nyuguhan ka semah, minangka tamu ti dayeuh Cianjur, ti Kampus Suryakancana. Jeung sohib mani saroleh, aya ku ngarti, ngabageakeun kuring minangka katua kelompok.

Dina piring aya sawo buleud sasiki, panyana téh ngahaja nyesakeun hiji keur kuring. Sawo téh diusap-usap meni lemes kulitna, diimeutan emh mani buleud, dipencet saeutik-saeutik emoy oge, siga nu geus asak. Dirames ku ramo, sawo beulah jadi dua, am weh dihuapkeun ku kuring. Amis, amis, ceuk kuring unggut-unggutan, siga sukarelawan tukang ngetes rasa dina panelitian kuliner. Ngan ningali sohib pada mencrong ka polah kuring.

“Aya naon, jiga ku aneh, ibu-ibu téh. Hoyong deui?” cekeng téh.

“Emh, ari Pa Dadan meni raos, eta sawo téh gaduh pribumi, basa rombongan kadieu, si Ibuna teu aya… Ku abdi saparakanca ti tadi téh cekap ditingalian we bari jeung ngaruy kabita ge, mung diuusap we, teu wantun.. ” ceuk Bu Nina togmol semu manghanjakalkeun anjeun, teu diembat titadi nyao kitu mah.'

“Baruk! Ari sugan téh bagean kuring, kumaha geus kieu?” ceuk kuring semu kaget, tapi angot ngagayem sesa sawo da emang amis kereueut téh nyaan lain bohong.

“Mangga ah, nyanggakeun we, siapa berbuat, dia harus bertanggung jawab,” ceuk Bu Ria bari ngadilak, kaduhung teu ku aing meureun. Ah, kagok borontok, urang bibita para sohib téh, cekeng dina hate.

“Emh, aya ku kareueut ieu sawo. Abong ngan hiji-hijina, keur badag téh taya sikian, meni peupeul dagingna, jigana moal manggih deui kawas nu kieu mah…haha,” ceuk kuring ngahajakeun.

“Tos…tos abdi bilih ngarelay,” ceuk ibu-ibu guru, sohib kuring sakelompok.

Bener we, dina peutingna, bada jarah ka makam Eyang Cikundul anu teu jauh ti Posko mahasiswa, ajang pelampiasan sawo. Duka cape nete tangga anu jumlahna cenah buda-beda, keur loba téh luhur deui, duka dendem keneh ningali kuring murak sawo sorangan bangun nu ni’mat, da eta basa ningali tukang sawo di tempat nu dagang, langsung ngilo sawo 3 kilo mah, dipurak harita keneh di Posko.

Emh, ari ibu-ibu, kudu sagala laksana wae ari gaduh pamaksadan téh… ***

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana, Cianjur

Sabtu, 07 Mei 2011

Barakatak Mangle Kang Dadan

BANYOL BARI MUNDEL...Banyol atanapi guyon, bari kenging honorarium sareng pangdeudeul hehee
Minangka kareueus pun Bapa, almarhum H. Handi Junaedi nu mikacinta rubrik Barakatak Mangle, seja kapidangkeun kanggo pangbeubeurah manah balarea. Ais pangampih (Blog Pangalaman Para Mitra Kang Dadan)


Poto Kopi (Mangle no. 2107/1-7 Maret 2007 )
Kabayan : Jang motokopi sarebu lembar sabarahaeun?
Udin : Dalapan puluh lima rupia salembarna, janten dalapan puluh lima rebu rupia sadayana. (bari ngotret ku kalkulator). “Bade ngopi sabaraha lembar?”
Kabayan : “Ah, ieu we KTP hiji bulak balik, artosna lima ratus rupia. Angsulan tilu ratus tilu puluh rupia.
Udin gogodeg.
Dadan w. Dhien
Bandung


Bungkus Bala-bala (Mangle No. 2158/28-5 Mar 2008)
Mang Sartim : Jang pangmeulikeun bala-bala di warung nu tadi, kade bungkusna ku koran anu tadi ...
Jang Aris : Na, aya naon Mang Sartim mani kudu keukeuh jeung bungkusna sagala..
Mang Sartim : Eta angka ngan aya sawareh, sesana tinggaleun di koran paranti mungkus di tukang bala-bala ...
Jang Aris : Baku, geus kana nomer teh si Mang mah ..
Jang Aris indit bari Jamedud.
Dadan w. dhien
Bandung


Imah Tipe 22 (Mangle No. 2158)
Budak : Mah, saur Pa Nono bumina di kompleks tipe 21. Naon hartosna 21 teh?
Indungna : 21 teh hartina imahna ngan saukur mahi keur 2 budak jeung 1 bojona.
Budak : Pami, rorompok urang tipe 22?
Indungna : Eta hartina bapa maneh, imahna ngan cukup keur dua budak jeung dua ...
Budak : Dua naon Mah?
Indungna (ngahuleng): ...motor...!!!
Budak: Asiikk. Bapa gaduh dua motor!
Indungna rada reuwas, ari budak mah atoh ajrag-ajragan.
Dan w. Dhien
Bandung


Silih sepét (Mangle No. 2195//20-26 Nop 2008)
Misna: Pagaden-Pamanukan-Wates-Binong. Si Aden amuk-amukan teu pantes, dong.
Aden: Uing bisa kitu mah. Ciamis-Kadupandak-Bogor-Garut-Depok-Tasikmalaya
Si Misna budak bangor burut ngadeprek teu walakaya.
Misna: Mani siga kenek Elf we sagala disebutan.
Aden : bongan atuh dimimitian.
Misna teu ngomong deui, ngaleos bari baketut.
Dadan W.dhien
Bandung


Nomer dua (Mangle No. 2195)
Dina pertandingan final pingpong Agutusan, si Kabayan mogok teu daek maen di final. Atuh Panitia ti Karang Taruna nanya:
Panitia : Kunaon, anjeun mogok maen di final. Batur mah hayang juara kahiji teh?
Kabayan : Yeuh, Jang. Juara kahiji hadiahna Piala, keun keur si Aa Baban. Kuring cukup nomer dua, nu hadiahna bét pingpong. Piala mah moal jadi duit, ari bét pingpong mah lumayan dua puluh rebu wae mah laku ..
Panitia : ????
Dadan W.dhien
Bandung


Teu Ditampa (Mangle No. 2199/18-24 Des 2008) )
Usum PSB, budak Mang Dodo teu ditarima asup di SD anu dipingpin ku Pa Udin. Atuh, guru-guru salaku panitia seleksi semu heran, padahal budak teh umurna geus 7 taun.
Guru : Kunaon murangkalih Mang Dodo teu ditampa di sakola urang Pa..
Pa Udin : Bongan wae...
Guru : Kunaon kitu Pa?
Pa Udin : Bongan teu sopan ngaran budak teh Hajarudin..
Guru : ????
Dadan W.dhien
– Bandung


Naon deui atuh (Mangle No. 2208/19-25 Feb 2009)
Pa Omis : Kunaon Bapa muka usaha teh teu hoyong majeng sapertos nu sanes, tingal tuh Haji Kandi di unggal kota meh unggal taun muka cabang enggal...
Mang Bana : Naon deui atuh Pa, da tuang mah sami sasendok-sasaendok keneh nu beunghar oge henteu sasendok tembok, eueut angger paling sagelas, henteu sagalon sakali...
Pa Omis jempe, antukna pamitan.
Dadan W.dhien
Bandung


Agul (Mangle No. 2208)
Mang Abar agul dumeh basa ditilang teu ditanya nanaon. Padahal motorna beunang injeuman ti si Jejen anu STNK-na geus beak jaba teu boga SIM.
Mang Abar : Lamun lain aing ah geus dicerek, motor pasti ditahan!
Jejen : Dupi artos kanggo bengsin abdi dilebet STNK ka mana?
Mang Abar : Aehhh, aya duitan...
Dadan W.dhien
Bandung


Halal
(Mangle No. 2209/26-4 Mar 2009)

Aya tilu sato keur uplek ngobrol curhat tidituna mah.
Munding: Sabenerna aing cape. Digawekeun unggal poe, dipecutan, ngan untungna dibere pangiuhan jeung dahareun keur reureuh sore..
Kuda : Sami, kang mumun! abdi ge narik delman ti isuk jegur nepi ka sore jeput, untungna sok dimandian jeung disayogikeun huut katut jukut
Ucing : Mending ge kaula, tara aya nu nitah, teu kudu digawe, deukeut jeung kadaharan manusa. Kaula mah, mun aya manusa pura-pura bageur atawa ngalendean ngarah dipikanyaah. Nya, ari maranehna keur arindit mah, apal meureun ente ka naluri ucing ...
Teu kungsi lila jol Ema Ciah, mawa bata sapotong.
Ema Ecoh : “Tah, ieu bangsatna nu maling hulu peda aing teh! Awas mung beunang direcah ka tulang-tulangna siah ucing garong teh …”
Ngadenge ancaman Ema Ciah, ucing pias, langsung mabur. Alhamdulillah Gusti, aing mah nyatu teh halal keneh, ceuk Munding jeung Kuda dina hatena.
Dadan W.dhien
Bandung


Ngaran geng (Mangle No. 2209)
Bubar sakola, Ugun, Dodo, Heru jeung Bowo serius keur uplek ngobrol handapeun tangkal buah.
Dodo : Cik, ulah eleh ku budak Selaawi, manehnya nyieun geng matak ngaruntuhkeun mental musuh ...
Heru : Naon ngaran gengna?
Dodo : IBLIS singketan ti Iketan Barudak Lingkungan Selaawi
Ugun : Urang ge ulah eleh, urang resmikeun bae GUNDORUWO genk, singketan Ugun-Dodo-Heru jeung Bowo. Akur?
Siiip, ceuk budak opat ampir bareng.
Dadan W.dhien
Bandung


Matih (Mangle No. 2216/16-22 Apr 2009)
Adis : Matih euy, eta jampe ti dukun Embah Jamrong. Unggal naek naek Damri jeung si Wawan tara sok ditagih karcis ku kondektur?
Wandi : Hebat, cik atuh uing bagi-bagi parancahna ..
Torojol si Wawan, bari pek ngomong:
“Nya moal ditagih. Da geus dibayar ku uing keur duaaneun!”
Adis : Kutan ...
Dadan W.dhien
Bandung


Tara ditilang (Mangle No. 2216)
Jang Beni unggal make motor ge tara sok ditilang atawa disetop. Dina razia pulisi ge lolos wae, ceuk manehna resepna gantungkeun helm dua siki mah, sabab pulisi mah ningali helm heula karek surat-surat.
Basa ditanyakeun ka babaturan anu jadi pulisi, cenah pulisi mah moal nilang anu cacat jeung aki-aki. Ari Jang Beni mah dedegan mah normal, maenya kasebut aki-aki, kapan karek lulus SMU kamari?
Dadan W.dhien
Bandung




Latihan Baris
(Mangle No. 2224/11-17 Jun 09)
Si Kabayan jadi Komandan baris pasukan Polwan.
Kabayan : Siap grak! Isteri empat... grak!
Barisan polwan lain istirahat di tempat tapi langsung balubar.
Dadan W.dhien
– Bandung


Biru (Mangle No. 2224)
Imah Mang Oman baheula mah kerep dicet koneng. Kabehdieukeun diganti beureum. Tah ayeuna keur dicet ku warna biru. Ceuk Mang Oman, minangka kareueus manehna ka partey anu meunang Pemilu. Emh, aya kukituna ari rahayat leutik.
Dadan W.dhien
Bandung


Jangji (Mangle No. 2224)
Mang Ja’i: Hayang geura diumumkeun hasil Pemilu teh?
Adis : Aya naon kitu Mang?
Mang Ja’i : Hayang geura lalajo wayang, saluyu jeung jangji Haji Uton!
Adis : Aehh, heueuh. Batur mah jangji ngaronjatkeun pendidikan, ari haji Uton mah jangji rek nanggap wayang unggal bulan mun meunang teh. Matak dicalontreng kamari ku warga...
Mang Ja’i : Sarua, geus sono ka si cepot...euy.

Dadan W.dhien
Bandung


Landian
(Mangle No. 2228)
Ucing : Cik atuh ulah disakompetdaunkeun teuing jeung kalakuan kolot uing da uing mah teu boga dosa teu nyaho-nyaho...
Embe : Ku naon kitu?
Ucing : Eta basa nini uing maling hulu peda, ti saprak harita jalma ngalandih bangsa uing majar cenah ucing garong...
Embe : Sarua ka kuring ge sok mindeng nyarebut kambing hitam, padahal kulit kuring mah bodas ...
Dadan W.dhien
Cinunuk – Bandung


Program (Mangle No. 2228)

Hiji caleg anu meunang Pemilu kamari dirariung ku para wartawan.
Wartawan : Program naon anu ngawitan bade digarap ku bapa?
Caleg : Ah, hoyong enggal-enggal ngawangsulkeun artos tilas gade sawah kamari kaanggo biaya kampanyeu...
Wartawan : ???
Dadan W.dhien
– Bandung


Ngobrol Nu Gelo (Mangle No. 2228)
Basa aya beja yen rumah sakit jiwa rek nampa pasen anyar ti caleg anu stress, jadi ide keur pasen heubeul.
Pasen I : Ayeuna urang ngayakeun pamilihan calon pamingpin ti urang keur urang-urang. Calona mun bisa mah nu rea, ngarah rea nu eleh. Sugan we maranehna stress jadi cageur.
Pasen II : Sugan gelo ente mah euy, bet tibalik.
Dadan W.dhien
– Bandung


Kerja Bakti (Mangle No. 2228)
Hasim : Cing naon bedana rodi, romusha jeung kerja bakti?
Hasan : Rodi mah gawe tanpa upah jaman Walanda, romusha mah jaman Jepang...
Hasim : Ari kerja bakti?
Hasan : Kerja tanpa upah jaman ayeuna ...
Torojol teh Pa RT ti tukangeun Hasan.
Pa RT : Tanpa upah kumaha, nyao nu meakeun udud jeung pais gurame basa kerja bakti kamari lain ente, San?
Hasan : Aeh, aya Pa RT. Damang kulan?
Dadan W.dhien
Bandung


Kasempetan (Mangle No. 2239/1-7 Okt 2009)
Jang Kandar : Hawatos ka emang, abdi mah moal rek tuwur tawar, pangaos sabaraha eta boboko teh, Mang?
Tukang boboko ngahuleng, meungpeung aya nu karunyaeun, moal rek nawar cenah, kasempetan ku aing rek ditaekeun hargana.
Tukang boboko : Wios hiji saratus rebu.
Jang Kandar : Na, meni awis-awis teuing..
Tukang boboko: Saurna bade ngagaleuh moal nawar. Hoyong sabaraha janteuna?
Ceuk Jang Kandar bari ngaleos: Tadina mah bade ngagaleuh dua. Kulantaran abdi alim nawar janten teu cios, bongan awis teuing.
Tukang boboko handeueuleun.

Dadan W.dhien
– Bandung

Narima Tarjamah (Mangle No. 2239)

Pa Madi tas balanja kitab di Palasari. Teu lila di pipir imahna dipasangan plang ”Narima Tarjamah Qur’an Arab-Indonesia-Sunda”. Horeng geus meuli Qur’an tarjamah.
Dadan W.dhien
Bandung


Kota kembar (Mangle No. 2254/14-20 Jan 2010)
Kota Bandung boga dulur minangka kota kembarna jeung kota ti luar negeri disebut sister city. Di urang oge aya kota bapa jeung anak, urang sebut wae father-son city nyaeta, budakna kota Lembang di Jawa Barat, ari kolotna mah Pa Lembang di Sumatera Selatan.
Dadan w. dhien
Bandung


Murah awet (Mangle No. 2254)
Ceu Wanti : Duh, meni gancang ledis..
Winda : Naon Ceu?
Ceu Wanti : Eta beas jeung gas!
Winda : Wajar atuh dituang ku dalapan jalmi mah. Aya anu murah awet nu nganggona bade sabaraha wae ge teu jadi sual. Sawarsih mah kawasna awet.
Ceu Wanti : Naon atuh, cik bejaan kuring?
Winda : Eta kalender. Mung tilu rebu rupia geura ..
Ceu Wanti : Teu apal ieu gagang sapu, nya. Nyao keur rungsing!!

Dadan w. dhien
– Bandung

Dijajah (Mangle No. 2254)
Ceu Rahayu : Baheula dijajah Walanda jeung Jepang! Hirup teh teu weleh dijajah....
Rina : Dijajah ku naon ayeuna ...
Ceu Rahayu : Dijajah ku pulsa. Mangkukna ngeusi nu Bapana, Kamari ngeusi nu si Cikal jeung Si Bungsu, Ayeuna nu Eceu tuh tinggal saratus rupia deui.... Moal bisa sms-an atuh...
Rina : ???
Dadan w. dhien
Bandung

Ucing Jeung Beurit I-III


Ucing jeung beurit I (Mangle No. 2259)

Sigana moal aya sato nu panggeunahna saalam dunya iwal ti ucing. Ucing mah hirpna teh ngeunah pisan, tara digawe, taya nu deleka atawa ngarogahala, komo deui nu meuncit. Lamun perlaya kageleng motor, kudu buru-buru diboehan dikubur kawas ilaharna manusa.
Ucing kiwari ogoan naker. Watekna males jeung sombong. Geus teu beuki hulu lauk, komo deui cucuk atawa tulang mah geus tara direret. Kitu deui ngahakan beurit..ih.. bararaid teuing majar teh. Nu matak beurit mahabu ngorowotan hasil tatanen manusa. Ti harita beurit dijadikeun simbol keur para koruptor!

Dadan w. dhien
Griya Mitra Posindo
– Bandung

Ucing jeung beurit II (Mangle No. 2259)

Beurit teu narima manehna disaruakeun jeung koruptor mah. Lamun disebut bangsat atawa maling mah rumasa.
Beurit:Kuduna ge keur koruptor mah gambar ucing lain beurit...
Ucing:Naha bet kaula? Lain ente nu sok puak-paok mah ...
Beurit : Emh aya ku ngangles... Bangsa beurit mah yeuh maling kadaharan manusa teh tara sumput salindung alias jujur. Manusa ge apaleun. Beda jeung ente Cing gawena ngan ngaluis, nangkring, lelendean ka manusa ngarah dipikanyaah. Sabot dunungan bongoh, lauk emas atawa pingping hayam dunungan ge sok diembat, lain? Eta kalakuan cocog jeung koruptor di manusa mah. Kawas nu suci tapi kotor...
Ucing : Ssssst, geus gandeng siah, hayang kadengeeun ku manusa...
Beurit : Emangna kumaha mun kadengeeun?
Ucing : Simbol koruptor diganti ku beungeut kaula, wirang bangsa ucing deuleuuu...

Dadan w. dhien
Griya Mitra Posindo
– Bandung



Ucing jeung beurit III (Mangle No. 2259)

Hiji poe beurit pohara bungahna.
Beurit: Hakan siahh.. Ayeuna mah beunang wawalesna. Ucing.. ngaran ente geus dilandih goreng ku manusa nepi ka tujuh turunan...
Ucing : Na bangsa kaula geus dilandih naon ku manusa?
Beurit : Disarebut Ucing Garong. Malah geus aya laguna, si Kucing Garong. Sok diparake dangdutan dina raramean...
Ngadenge beja ti beurit kitu ahirna ucing nyegruk ceurik eueuriheun bari ngomong kieu:
Emh goreng-goreng teuing nasib kaula...
Manusa meni neuteuli ka bangsa kaula ngalandih goreng jeung pirajineun ngomersilkeun nepi ka CD jeung kasetna bajakan oge patulayah,
Mana teuing erana jaga anak turunan kaula...
Tah nu matak ulah sombong, Ciiing..
Cag, ah...

Dadan w. dhien
Griya Mitra Posindo
– Bandung

Barakatak ieu kenging dileler pangdeudeul ti Dekan FKIP Unpas, Drs. Dadang Iskandar, M.Pd.

Selasa, 03 Mei 2011

Tawanan Mang Uklan, Katabrak Vespa & Murak Timbel

TAWANAN MANG UKLAN
( Dimuat di Mangle 2223/4-10 Jun 2009)

BASA keur sakola kelas 3 SD, kuring boga domba opat. Baheula mah pangangonan domba atawa sapi teh loba, bisa di PPN atawa di kebon buah boga dines pertanian. Ayeuna kari waasna. Kebon buah geus jadi terminal jeung pasar.


Babaturan kuring ge nu boga domba teh rea, atuh balik sakola barudak mindeng ngarumpul di handapeun tangkal buah bari nungguan dombana. PIkeun kuring mah lamun hayang buah hiji dua mah kari maledog atawa dieundeuk-eundeuk wae moal hese pasti murag. Lamun pareng amprok jeung Mang Uklan, mantri kebon buah, ah bejakeun beunang mulung buah anu rag-rag wae. Aman.

Harita di pangangonan kaanjangan ku babaturan sakelas si Astori jeung si Sadim. Manehna mah ti Kamarung kaasup rada ngota, matak atoheun basa dibejaan lamun ulin ka kuring mah cukup mawa uyah wae. Tinggal dicocolkeun ka uyah, buah haseum oge dijamin ni’mat.

Atuh kuring jeung batur kuring naraek kana tangkal buah anu dahana gede, hieum, tur leubeut. Buah kari dirawel wae anu oyag-oyagan katebak angin. Emhn, bagja diri. Katebak angin anu ngahiliwir meni teu peureum benta bari nyocolkeun buah cengkir gumading kana uyah.

Keur kitu rentang-rentang aya Mang Uklan, mantri buah tea bari nanggung jukut keur sapi boga manehna. Kawasna rek lohor heula. Kolesed kuring turun lalaunan ngaleungit dina dapuran cucuk garut teu kacirieun batur kuring.

Geus deukeut Mang Uklan ngabedega nyarekan batur kuring ngan teu hahaok make basa sindir sampir tapi teu burung matak nyentug kana hate.

“Na mani raos, melak henteu, nyebor henteu, putra juragan mah. Yeuh aing ge nu melakna mah luut leet kesang bobolokot nepi kaayeuna sugan geus ngasaan buah? Encaann.. Jang,” ceuk Mang Uklan bari ngecagkeun tanggungan jukut.

“Teu baleg siah, ieu pagawean batur kuring,” gerentes hate si Astori bari turun tina dahan buah.
“Ayeuna wayahna, pangmanggulkeun jukut ka imah aing,” ceuk Mang Uklan. Si Sadim jeung si Astori duaan gantian manggul jukut make rancatan bari leumpangna gagareolan beurat meureun. Aya ku polos lain lumpat wae, kalah sadrah pasrah jadi tawanan Mang Uklan.

Kuring nalingakeun tina rungkun saliara bari teu sirikna ngagakgak seuri ningal polah batur kuring duaan. Hampura sobat. Lain teu ngabejaan, lamun dibejaan oge moal ngarti dina waktu anu samporet. Atuh dina kacerekna bakal dibere kaparoh anu leuwih beurat. Nya, mending manggul jukut, itung-itung olahraga wae sobat!

Dadan w.dhien
– Bandung

KATABRAK VESPA
( Dimuat di Mangle 2227/2-8 Jul 2009)

HARITA bulan kolot, meujeuhna eungap-eungapan mun cara lauk emas mah. Keur baluweng nyanghareupan pangabutuh sapopoe, kapikiran rek neang honor nulis ka Mangle. Lumayan keur ganjel-ganjel nepi ka tanggal hiji.



Atuh kuring miang ti Ujungberung ka kotakeun. Dasar rea pikiran sieun bengsin beak, sieun ban kempes, jste sajajalan bawana rusuh. Na keur kitu teh aya aleutan pagawe pabrik tas istirahat leumpang ngalenghoy kawas keong. Atuh beuki kesel we. Na hate teh urang reureuwas bongan kaleked temen meuntas teh.

”Meleng wae leumpang teh, Nyi!” ceuk kuring rada tarik. Pagawe pabrik nu pangtukangna deukeut vespa kuring lenggerek kapiuhan. Kuring ge milu reuwas, vespa oge ngaguling, padahal ukur lecet sasenggol buntut vespa. Pagawe nu kapiuhan digotong ku baturna ka sisi jalan. Sawareh baturna neangan cai keur nyeuceuh sirahna ngarah sadar.

Deukeut kantor pulisi atuh hol pulisi duaan. Ah, mangkaning SIM geus beak can diperpanjang. Geus kaerong pipanjangeun. Basa pulisi nanya surat-surat kukuring dibere STNK wae. Ceuk pulisi teh bawa wae ka rumah sakit Ujungberung nepi ka dua kalina. Bororaah waragad rumah sakit keur beas ge rek neang heula, pikir teh. Kuring kawas pasakitan diparelong ku masarakat sakuriling.

Keur kitu, kuniang manehna hudang. Teu nyangka sacongo buuk, pitulung ti Gusti Alloh. Manehna bet ngagabrug ka kuring bari sasadu tur ngasongkeun leungeun menta hampura. Bet tibalik. ”Punteun Kang, abdi teh seueur emutan pusing ti bumi keneh!”

”Kumaha teu kedah ka rumah sakit?” ceuk pulisi duaan.

Manehna gideug bari jung nangtung.

”Nya ari kitu mah ieu STNK ngan kade Jang ati-ati ngajalankeun motor teh,” ceuk pulisi mapatahan ka kuring bari nyelah motor neruskeun hanca gawena. Kitu deui riungan masarakat ahirna balubar.
Terus ka Mangle teh? Ah, rek balik deui we. Lieur bisi nabrak deui. Ngan orokaya, tebeng motor dadas. Baelah nu penting salamet.(*)

Dadan w.dhien
– Bandung

MURAK TIMBEL
(dimuat di Mangle No. 2100, 11-17 Jan 2007 hal 68)

Profesi pun bapa kana nyukur, ari ceuk basa kerena mah barbershop atawa pemangkas rambut. Basa pun lanceuk gaduh milik beasiswa ti kampus, heug diinveskeun ka sawah, teu lega mung satengah bau. Atuh bapa asa gaduh aktipitas anyar, rengse di kios cukur langsung ka sawah saaya-aya. Ti mimiti babad galeng, ngocorkeun cai, miceunan jukut, da ari ngawuluku, tandur, ngarambet tur dibuat mah sok diburuhkeun ka buruh tani.


Asa ku reueus, isuk ngala resiko sapopoe, ari bada lohor damel di sawah, siga doser ceuk budak rahul tea mah. Atuh indung kuring ge milu muji, hebatlah bapa maneh mah turutaneun!

Hiji waktu kuring dititah emih nganteuran timbel jeung lalawuhna. “Buru-buru..” saur emih. “karunya bapa maneh tadi beakeun ku adi-adi,”

Atuh najan panas ereng-erengan oge kuring miang dibaturan ku Riki. Biasana ka Bakan Kopi teh make jalan liliwatan urang lembur ka pasar, na harita mah mugen, milih ka kebon wa uju anu rada iuh.
Na ana gok ka sisi saung, kuring ngagebeg, reuwas, na geuning aya bapa didieu. Kuring malaweung, na bapa teh ka sawahna entos atawa encan, da katingal parang jeung paculna beresih taya tapak leutak atawa jukut. Sabot kuring mikir, si bapa jol ngarontok babawaan.

“mawa naon eta?” saur bapa.

“timbel ti emih, pa. kumaha ka serangna parantos?” ceuk kuring malik nanya bari sor ngasongkeun babawaan.

“Geus ayeuna mah purak wae didieu,” saur bapa bari murak timbel ti emih. Atuh teu talangke Riki ge rikat, milu balakecrakan mani ngalimed. Beres botram mah kuring naroskeun kumaha ka serang teh, urang barantuan.

“Kumaha ka serang teh, janten pa?”

“Ayeuna mah urang balik, yu!” saur bapa bari manggul pacul. Ti saprak harita, lamun diingetan, emih jeung kuring sok sing belenyeh mesem, majar teh siga si kabayan wae, disangka banting tulang digawe, singhoreng ngadon titirah di saung, kawasna sieun kagandengan ku adi-adi kuring nu keur meujeuhna marijah.

Dadan w.dhien
Bandung

MUPU BUAH
(dimuat di Majalah Mangle No. 2198 11-17 Desember 2008, kaca 68)

Sok waas mangsa baheula keur budak. Keur usum buah, ari hayang ngarujak atawa nyieun manisan sok, kari maledog wae ku batu.... gedebut buah teh murag. Da di lembur kuring baheula, ampir tiap imah barogaeun tangkal buah.

Harita keur meujeuhna carekeun. Bada isa, rengse ngaji di tajug, barudak teu langsung mulang. Geus jangjian keur ngarujak isuk, oprasi peuting ieu mah bagian buah nu Mang Suklan. Tangkal buah teh leubeut jeung tempatna rada nyingkur sisi walungan.

Dikomando ku si Riki, “target ayeuna mah buah Mang Suklan di sisi walungan Cimarakan, buah cengkir meujeuhna gumading. Mang Suklan bejana keur ka dayeuh hajat dulurna. Ngan kahade maneh, kudu nalingakeun bisi aya nu jalma nu ngaliwat geuwat mere kode”

“Tah keresek keur wadahna” Si Riki ngabagi keresek hideung ka sapuluh urang. Peuting eta tangkal buahna teh dipupu lain ku kalong, tapi barudak balad kuring. Dina oprasina, sok rada lenger, buah diala nepi ka pentil-pentilna bari sok mubah tara didahar. Biasa resep ngala wungkul bari sawareh dibalang-balangkeun ka walungan bari seuseurian siga nu puas bangun ni’mat.

“Tah langsung keureutan we, ngarah isuk di pangangonan kari am rujak teh. Sawareh mah keur sasadiaan sumputkeun. Keun gula beureum jeung cengek mah ti urang...” ceuk si Riki mere komando. Sanggeus kaharti, barudak bubar.

Balik sakola, kuring muru imah si Riki. Kuring kaget mata simeuteun. Si Riki ditalian dicepretan ku Ki Sarman, akina. Barang nempo kuring, nyel Ki Sarman ambek. “Tah, berenyit ieu sigana oge baladna. Kadieu sakalian urang siksa!” ceuk Ki Sarman bari jung nangtung muru ka kuring. Atuh berebet kuring lumpat notog-notogkeun maneh.

Na kunaon atuh si Riki dirogahala akina?


“Tah, eta teh palajaran keur budak carekeun. Buah cengkir anu dipupu peuting tadi geus dibeli ku Ki Sarman ti Mang Suklan. Kade maneh ulah pipilueun. Ki Sarman mah jelemana sahaok kadua gaplok taya ras-rasan” ceuk indung kuring ngajelaskeun. Paingan atuh. Ti harita, kuring mindeng gegebegan ratug tutunggulan, malah sok kaiimpi-impikeun Ki Sarman terus ngudag-ngudag barudak neangan buah cengkirna anu leungit. Barudak sapuluh kecerek, dirangket dicepretan nyere ku Ki Sarman mani tinggareleng beureum bari gogoakan terus menta tulung.

Ampun, Gusti!!! Kuring gigisik. Ah, moal sakali-kali deui rek pipilueun!

Dadan W.dhien
Bandung