Sabtu, 20 Agustus 2011

Asa Kana Motor Waè, Mangle,Edisi 2332


oleh: Dadan Wahyudin

Biasa kana motor mangtaun-taun, matak hese dileungitkeun. Sanajan ganti kana mobil, asa aing mawa motor we meureun. Èta nu kaalaman ku Mang Emod, supir pribadi lanceuk kuring.

Lanceuk harita aya kaperluan ka Pasarbaru. Rek balanja baju bawaeun ka Surabaya. Turun hareupeun Pasarbaru, ari mobil dibawa Mang Emod belok ka Jalan ABC, muter ka Kebonkawungkeun. Mang Emod ka Kebonkawung dititah meuli tiket kareta pikeun ka Surabaya poe isuk. Ngarah kabagean korsi anu ngariung, da ari didadak mah geuning, korsi kareta sok ukur panyesaan, teu bisa ngariung opatan.

Lanceuk rengse balanja, nya beunang dua kantong keresek mah babawaan tèh. Na, ari kaluar ka sisi jalan harita hujan ngagebret. Atuh geuwat ka jero Pasarbaru deui.

Buru-buru lanceuk nga-SMS ka Mang Emod anu dititah meuli tiket. Geuwat cenah, rek muru jugjugeun ka tempat sejen. Ma’lum isukan rek miang jauh. Kudu sagala dibereskeun harita keneh. Ngarah isuk kari jung we miang …

Harita hujan ngagebret maseuhan jalan. Teu lila, saterusna mah hujan angin-anginan. Ngan baseuh we mun teu dipayung atawa make jas hujan mah. Cileuncang awur-awuran ka jalan, sigana kamalirna kapeundeut ku runtah. Cai warnana hideung diteuteup anteb ku lanceuk, anu sakapeung nyebrot kadupak gilinding mobil.

Gebeg. Lanceuk ngarenjag tina lamunana. Meh ampir sajam satengahna merhatikeun cileuncang anu seseleket neangan liang cai jiga nu hayang geura nepi ka walungan. Ka mana ari Mang Emod, boa mogok atawa macet kituh?

Teu talangke mencet hape, teu lila nyambung :

“Masih ti mana keneh Mang? Abdi lami ngantosan yeuh..” ceuk lanceuk elekesekeng teu genah cicing.

“Di Kebonkawung keneh, Bu..” tembal manehna.

“Na, tos ampir dua jam yeuh…antri tiketna atawa macet komputerna?” ceuk lanceuk deui.

“Ngantosan Hujan, Bu!” tembal Mang Emod kalem.

“Apan kana mobil, lain?” ceuk lanceuk rada ambek.

“Aeh, leres. Muhun, Bu. Aduh Punteun pisan... Raraosan tèh kana motor..” tembalna bari gura-giru muru mobil anu tadi dikasisikeun. Lanceuk bari dibarung ku keuheul ogè, teu burung mesem ogè ku polah Mang Emod. Kawasna asa make motor waè Mang Emod teh, lamun hujan sok langsung nyisi sieun kabulusan. Sualna meh 10 taun Mang Emod tèh pakasaban tadina kana ojeg. Aya-aya waè…***

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana
Cianjur

Carita Sawo, Mangle No. 2335


Lamun diguar deui, ngeunaan carita sawo basa Kuliah Lapangan Sosiolinguistik mata kuliah Prof. Yus di Cijagang Cikalongkulon bulan kamari, matak pikaseurieun batur kuring saparakanca. Eta carita sawo, kieu ari caritana mah.

Kelompok kuliah lapangan dibagi dua, hiji diimah perenahna sisi jalan raya, ari hiji deui mah tukangeuna. Kelompok kuring mah kabagean ngeusian imah sisi jalan, ngan kuring salaku panitia kudu merenahkeun heula kelompok sejen di imah tukang. Ngarah tarapti, moal pahibut engkena.

Aya kana dua jamna, kakara kuring muru kelompok sorangan. Asup ka tepas, gek diuk gigireun Pa Akrom. Dina meja ngalayah suguheun, aya cai enteh, wajit, jeung lalawuh sejen balatak siga nu tas “ditampi dengan senang hati” ku para sohib téh. Aya ku reueus pribumi urang lembur, haat nyuguhan ka semah, minangka tamu ti dayeuh Cianjur, ti Kampus Suryakancana. Jeung sohib mani saroleh, aya ku ngarti, ngabageakeun kuring minangka katua kelompok.

Dina piring aya sawo buleud sasiki, panyana téh ngahaja nyesakeun hiji keur kuring. Sawo téh diusap-usap meni lemes kulitna, diimeutan emh mani buleud, dipencet saeutik-saeutik emoy oge, siga nu geus asak. Dirames ku ramo, sawo beulah jadi dua, am weh dihuapkeun ku kuring. Amis, amis, ceuk kuring unggut-unggutan, siga sukarelawan tukang ngetes rasa dina panelitian kuliner. Ngan ningali sohib pada mencrong ka polah kuring.

“Aya naon, jiga ku aneh, ibu-ibu téh. Hoyong deui?” cekeng téh.

“Emh, ari Pa Dadan meni raos, eta sawo téh gaduh pribumi, basa rombongan kadieu, si Ibuna teu aya… Ku abdi saparakanca ti tadi téh cekap ditingalian we bari jeung ngaruy kabita ge, mung diuusap we, teu wantun.. ” ceuk Bu Nina togmol semu manghanjakalkeun anjeun, teu diembat titadi nyao kitu mah.'

“Baruk! Ari sugan téh bagean kuring, kumaha geus kieu?” ceuk kuring semu kaget, tapi angot ngagayem sesa sawo da emang amis kereueut téh nyaan lain bohong.

“Mangga ah, nyanggakeun we, siapa berbuat, dia harus bertanggung jawab,” ceuk Bu Ria bari ngadilak, kaduhung teu ku aing meureun. Ah, kagok borontok, urang bibita para sohib téh, cekeng dina hate.

“Emh, aya ku kareueut ieu sawo. Abong ngan hiji-hijina, keur badag téh taya sikian, meni peupeul dagingna, jigana moal manggih deui kawas nu kieu mah…haha,” ceuk kuring ngahajakeun.

“Tos…tos abdi bilih ngarelay,” ceuk ibu-ibu guru, sohib kuring sakelompok.

Bener we, dina peutingna, bada jarah ka makam Eyang Cikundul anu teu jauh ti Posko mahasiswa, ajang pelampiasan sawo. Duka cape nete tangga anu jumlahna cenah buda-beda, keur loba téh luhur deui, duka dendem keneh ningali kuring murak sawo sorangan bangun nu ni’mat, da eta basa ningali tukang sawo di tempat nu dagang, langsung ngilo sawo 3 kilo mah, dipurak harita keneh di Posko.

Emh, ari ibu-ibu, kudu sagala laksana wae ari gaduh pamaksadan téh… ***

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana, Cianjur