Selasa, 27 Agustus 2013

Carpon: Hampura Kuring, Romdon!


versi cetak




Kungsi dimuat di Koran Tribun Jabar, 10-12 April 2012
Karya :  Dadan Wahyudin
Mahasiswa PBSI S2   
Universitas Suryakancana
Cianjur
Tribunjabar, Salasa, 10 April 2012
RÉT ka lebah stamplat beus, haté Dayat nyeblak.  Urut kebon buah boga dines pertanian baheula geus taya tapakna.  Kiwari ramé ku beus, elf, katut angkutan kota dibarung ku pahibut ku sora calo marebutkeun panumpang jeung gerungna sora knalpot. 
Lebah dinya pisan, tempat pangangonan domba Dayat saparakanca baheula.  Harita   bapana Dayat boga domba beunang maro ti Mang Elan, anu indungna geus dipulangkeun deui basa Mang Elan perelu waragad hajat budakna nu cikal.
Baheula hirup basajan. Loba nu jalujur kénéh.  Maro ingon-ingon puguh saluyu jeung aturana.  Lamun bibit nu diparokeun ngajuru munggaran tur anakna ukur hiji, éta minangka bagéan nu miara domba. Buruh luat-léét kesang purah ngangon jeung ngarit. Kabéhdieukeun lamun anakan deui, dibagi saparo séwang. Lamun anakan hiji, satengah séwang. Lamun anakan dua, nu maro jeung nu ngangon kabagéan hiji séwang.
Kiwari aturan di luhur geus hésé dina prak-prakana.  Loba nu maro ingon-ingon teu puguh juntrungana.  Majarkeun téh kamusibahan, dombana paéh atawa dibangsat batur. Padahal teu saeutik  nu ngahaja dijual ka bandar.  Kapan di lembur gé dina jaman kiwari sarua barutuh duit, hirup konsumtip jeung matré.
Kolot Dayat kaasup jalma jujur.  Harita kabagéan parona, nyaéta anak domba sajodo.  Dayat pisan nu ngangona.  Geus jadi kabiasaan barudak nu boga domba di lembur,  mulang ti sakola sok langsung tingbelecir muru pangangonan di kebon buah.     
Tangkal buah harita mah jarangkung, jarang anu ngarumpuyuk.  Barudak mindeng naraék bari hahaleuangan.  Jarak ti hiji tangkal buah ka nu sejenna kira-kira lima méteran. Ku mantri pertanian, tegalan téh dipelak sabangsaning buah cengkir, aromanis, golék jeung gedong.  Di handap tangkal buah ngabayak ku jukut teki jeung kakawatan.  Jukutna tara nepi ngajembrung, da kebon buah kapiara ku mantri. Eta jukut dipikaresep ku domba, sapoé jeput aranteng nyaratuan tara jauh di lebah dinya.
Ba’da adan asar, batur ti lembur loba nu ngahaja ulin ka kebon buah.  Lain ukur nu boga domba wungkul, malah  pirajeuneun aya kolot, pamuda, atawa kaom ibu nu ngahaja ka kebon buah. Itung-itung ngabuburit bari ningalian barudak  anu  maén bal. Malah kolot gé  kabitaeun milu acrub maén bal jeung barudak.  Barudak séjén sawaréh ulin uucingan atawa bebentengan.
Lamun mangsa usum buah, wanci pasosoré dipaké  nungguan  buah rag-rag.  Angin gedé nebak ranggeuyan buah patinggulayun.  Mun kaparengkeun aya nu murag, kolot atawa budak meni pahibut mulung buah ragrag. Ngarah buah gancang murag, ku barudak dikawihan: “Pluk hiji pluk dua katiluna murubut,” Pasosoré Dayat mulang, bari domba geus baluncir.
Dayat mah kawilang rajin, tamba kesel nungguan domba nu aranteng, saméméh maén bal,  sok nyelangan  ku ngarit jukut sasadiaan pikeun engké peuting.  Pédah lamun taya  jukut, domba  mindeng disada bébéréléan, matak ngaganggu tatanggana.
Domba Dayat anu sajodo téh rendey anakan.   Ngan orokaya, tara nepi ka gedé. Ku kolot Dayat geus diancokeun ka Mang Saon bandar domba anu kasohor di wewengkon dinya mah. Pangpangna dina mapag taun sakola anyar.  Teu bisa pakumaha, kolot Dayat saukur buburuh macul. Ari Bi Erat indungna, purah buruh nyeuseuh.  Nya anak domba nu dipaké tanggelana. Kitu jeung kitu we unggal taun téh.
Nepi kahiji waktu, Dayat bingung ku  sual dombana. 
“Geus, jual waé mending si Romdon teh, Yat,” Ceuk hiji sora, ngagebah lamunan Dayat nu harita keur  huleng jentul.  Tétéla geuning bapana.  Kituna téh bari ngécagkeun carangka jukut jeung pacul tas buburuh macul ti huma Mang Jaka. Perkara  ngajual si Romdon, domba kari hiji-hijina. Tiisuk taya solusi alias buntu. Bapana keukeuh hayang ngajual waé, patojaiyah jeung kahayang Dayat nu teu panuju.  Nu matak, sabot ditinggalkeun hanca macul nepi ka mulang bapana, Dayat ukur cameubleu nalingakeun paripolah si Romdon nu keur ngagayem jukut beunang ngarit kamari. 
Si Romdon pada muji, minangka terah domba hadé boh dedegna atawa turunana. Awakna rubak kawantu bibit pinunjul. Berséka munasabah unggal poé jumaah mindeng dimandian ku Dayat.  Malah dikokolot ku domba séjén mah lamun dina jalma mah.  Da éta, ka mana si Romdon indit, domba séjén di pangangonan teu weléh naluturkeun boh jaluna boh anakna.  Lamun dijual pasti pada loba nu nyaranggap paheula-heula.
“Ah, Dayat moal masihkeun, Pa,” ceuk Dayat alon bari panon carinakdak.
“Ari kitu rék mayar kuliah ku naon? Lain isukan Senén SPP kudu dibayar?” ceuk Bapana rada muncereng.
“Wios, paling cuti heula,” témbalna bari mencrong ka daun kérsem dauna ngeprul  katebak angin.
“Deudeuh teuing anaking. Mun heug Bapa jalma boga mah, hidep rék dijujurkeun ka mana waé hayang sakolana,” jumerit haté bapana. Kagagas, boga budak nunggal diparengkeun taya kaboga, kahayang ukur kahayang, nasib diri ukur sakieu.  Mun kudu peunggas sakola, lebar temen anaking, hidep mah kawilang budak pinter.
Tribun, Rebo, 11 April 2012
 Pikeun Dayat, si Romdon téh kameumeut pisan, sanajan bangsa sato.  Kawantu ngamumulé si Romdon tèh aya kana tilu tauna. Si Romdon minangka anak domba ngaganti indungna anu geus kolot teuing, domba paro ti Mang Elan baheula. Dingaranan Romdon sotéh pédah dijurukeuna pas pisan di bulan Romadon. Ku Dayat dijadikeun bibit.  Kaitung deres, dua taun tilu kali anakan, sakali ngajuru anakna dua, malah taun kamari mah nepi ka tiluna tur katurut kabéh.   
 “Tadi Mang Saon geus wani sajuta satengah cenah.  Lamun hidep cocog, hayu urang bawa, ambéh kabawa duitna, engké mulang isuk ka kampus?” ceuk bapana deui bari ngalinting bako ku pahpir, terus nyekéskeun panékér. Sabot nungguan jawaban budakna, pelenyun udud. Ngalageday dina korsi hoé, bari ngahihidan awakna ku dudukuy butut miceun hawa jeung haté anu  bayeungyang. Asa ku ni’mat udud tas capé, sanajan hirup teu weléh diudag-udag pangabutuh nu pohara. Sajongjonan bapa jeung budak ngabaretem, lir gaang katincak, taya hojah jeung  picaritaeun.
Ari Bi Erat, indungna Dayat, wanci lohor mah waktuna buburuh nyeuseuh,  arang aya di imah,  majar téh muru poé panas cenah, ambéh baju dunungana garing.  Bada lohor sok bari ngalicinan.  Kakara dina pas  ngong adan asar mulangna.  Lumayan keur nyambung hirup sapopoé, nya Bi Erat pisan nu diandelkeuna.  Ari béas mah meunang ladang derep di Haji Adé sok dihéler nalika butuh. Lalawuhna, beunang ngunder di buruan anu rajeun dipelakan tutuwuhan, kayaning sampeu, jaat, surawung jeung roay. Mun pareng kawénéhan manggih suung megar di huma, nya bisa boga dahareun nu anéh.
Bapa Dayat lain hayang pamér, tihothat nyakolakeun budakna ka paguron luhur téh, estuning lahaola. Manglebarkeun budakna, Dayat mah budak pinter di SMA-na. Manéhna asupna ka paguron luhur gé teu testing, kabawa PMDK, milih jurusan Peternakan.  Satadina mah, sugan jaganing géto, Dayat jadi cukanglantaran pikeun ngarobah nasib kulawargana.  Saeutikna ari boga élmu moal hésé néang kipayah jaga, ulah jiga bapana anu “usrip”, usaha ripuh.   
Susuganan jaga boga milik muka pausahaan domba Garut kawas Insiyur Slamet anu geus jugala atawa bisa aub digawé di pausahaana.  Tangtu kahirupan kulawarga bakal kajait.  Kapan domba pikeun masarakat urang mah kacida diperelukeuna, paragi hajat nu akékoh atawa korban mangsa Rayagung.
Dayat geus manukna miara domba mah,  ti basa sakola SD tug nepi ayeuna kuliah.  Ti mimiti ngarit, méré parab jeung cai nginum, ngubaran domba gering, nyekok domba nu ancin nepi ngamandian domba geus pinter,  Paribasana mah kari  tolab téori jeung ménéjeménna. 
Dina miarana, Dayat éstu getén.  Munasabah dombana katurut.  Ngan nyaèta, ingon-ingona teu weléh ragrag ka Mang Saon.  Siga ayeuna, si Romdon, domba lekasan hiji-hijina. Pileuleuyan. Deudeuh teuing.
“Kumaha Mang. Jadi si Romdon téh dijualna?” cenah teu katangar  iraha muka panto pagerna,  jol geus ngajega Mang Saon hareupeun Dayat katut bapana.
“Lamun arék yeuh, sajuta satengah gancang sakuan! Keun dombana mah soré ku si Ejé ditungtuna,” ceuk Mang Saon bari ngaluarkeun duit gepokan dina kantong hideung nu teu weléh disorén. Abong bandar domba, duitna meni metet ku lambaran saratus rébuan, lima puluh rébuan, ogé dua puluh jeung sapuluh rebuan. Sakedapan Dayat jeung bapana ngembang kadu nempo duit nu sakitu lobana. Bapana teu bisa pakumaha, nunggu budakna panuju.  Teu wani mutuskeun sorangan dina sual si Romdon mah. Ongkoh deuih, si Romdon mah bogana Dayat.  
Haté Dayat beuki galécok, bet ngadadak ratug tutunggulan jeung léah, nempo duit anu ceuyah.  Tarima entong, entong tarima …, gerentesna siga nu ngitung kancing. Nepi ahirna Dayat negerkeun manéh wakca balaka ka Mang Saon.
“Insya Alloh diical Mang.  Mung abdi hoyong badanten heula sareng pun biang. Dikukumaha ogé tangtos kedah mupakat sadaya. Saéna antos samulihna pun biang sonten,” ceuk Dayat bari teu weléh neuteup kandang domba di gigir imahna.    
 Emh, Romdon, domba anu dimumulé ti basa Dayat lulus SMP. Domba anu teu weléh dipusti-pusti, diparaban jukut pinilih ladang ngarit.  Sakapeung dipahugi cangkang cau nangka beunang nganteuran Bi Mirah, tatangga tukang goréngan.  Malah mindeng  dibéré huut beunang nyiar ti héleran Ki Ucim atawa hampas tahu minangka konséntratna.  Nginumna sok dibéré cibéas ngarah séhat jagjag waringkas. Malah sok dibéré jamu dicekok cai konéng badag sagala, ngarah rampus kana nyatu.  Dua bulan sakali buluna dicukuran.  Bada jumaahan ngahaja dimandian di Susukan Cimarakan. Munasabah lamun si Romdon mah domba berséka, kulitna anu bodas semu coklat tèh mulus beresih matak pikareueuseun.  Béda jeung domba nu lian keur garimbal téh kaluleuheu deuih.
“Sanes nolak pangasih, Mang. Saéna sonten wé, Mang. Abdi gé aya kempelan di balé désa ieu téh. Duka badé nyawalakeun naon deui téh?  Insya Alloh, sonten kuring sakulawarga tiasa kempel sadaya, mudah-mudahan mupakat tur mangpaat,” ceuk bapana Dayat bari mémérés kamprétna rék muru abdas lohor heula saméméh ka balé desa.
“Nya ari kitu mah teu nanaon.  Keun soré, ongkoh sayah gé rék ka Ki Eman heula, cenah aya perelu ka kuring,” ceuk Mang Saon bari nyelah bekjul hideungna.
Tribunjabar, Kamis, 12 April 2012
Waktu nyérélék teu karasa. Dayat guling gasahan. Rét deui ka kandang domba, rét deui ka jalan. Si Romdon keur depa bari anteng  ngagayem jukut, siga nu keur ngalamun.  Di handapeun kandang, katara carangka pinuh ku  jukut anu seger beunang ngarit bapana ti huma tadi, meureun minangka  jukut pamungkas.
Panon si Romdon mencrong ka kuring, kawas nu ambek pédah rumasa rék dijual.  Kurang kumaha  aing ngabakti ka anjeun? cohagna mah kitu mun bisa ngomong mah.  Tapi kuring butuh waragad sakola, keun ditebus deui, mun kuring geus réngsé.   Kumaha tah lamun aing langsung dilékék? témbal si Romdon.  Aeuh, heueuh, mana Mang Saon mah telenges, rék domba jalu, domba bikang, malah teu sirikna anak domba ahirna teu weléh perlaya di méja jagal. Hampura kuring, Romdon!!
Rét deui ka tungtung jalan, sieun jol Mang Saon atawa bujangna si Ejé,  terus maksa ngaringkid bari nyényéréd si Romdon anu tétéjéhan embungeun dibawa.  Ku si Ejé digebugan ku paneunggeul nepi ka gereuneuk. Si Romdon ménta tulung.  Mbééé….mbéé….cenah sorana nepi ka peura bales sasambat bébéréléan, antukna ngiles leungit diteureuy pengkolan.  Kitu galécok haté Dayat, teu ka rasa kongkolak panona ngalimba. 
Rekééét… panto pager buruan tina awi aya nu muka. Gebeg… Haté Dayat ngagebeg, pangaciana méh ngaleyap, jajantung méh copot. Kagagas kudu nyakséni si Romdon ditandasa si Ejé ayeuna mah lain ukur carita.
Eh, lain geuning, lain si Ejé. Tétéla bapana  tas  gempungan ti  balé desa.
“Yat, bolay ….. Bolay…” ceuk bapana  hariweusweus.  
“Bolay naon, Pa?”  Dayat teu sabar kana informasi rapat cikénéh.
“Teruskeun sakola! Domba teu kudu dijual..” ceuk  bapana dumadakan pasemona bérag pisan.
“Na, perkawis naon rapat di balé desa téh,” ceuk Dayat kebek ku panasaran.
“Ti Pamaréntah aya program pemberdayaan pikeun ngawangun masarakat désa. Pikeun désa urang kabagéan program unggulan ngembangkeun budidaya domba Garut.  Tiap kulawarga patani baris dibéré 3 domba danten….” Bapana ngajelaskeun hasil rapat.
“Eta domba kedah dipésér ku urang? sareng terasna kumaha?” Dayat motong informasi bakating ku hayang jentré informasi éta.
“Haratis, Yat, waragadna kabéh  ti pamaréntah. Tah jaluna disayogikeun  jalu unggul disimpen di ketua kelompok. Lamun bibit domba geus anakan, wayahna anak munggaran anu geus disapih geuwat kudu disetorkeun ka Bagéan Program pikeun disalurkeun ka masarakat di désa séjén nu can kabagéan. Nu kadua katiluna mah bakal milik urang,” ceuk bapana meni norowélang ngabejerbéaskeun élmu panimuna basa rapat tadi ka budakna. Dayat unggut-unggutan tandaning ngarti tur satuju.
“Janten si Romdon mah teu kedah diical, nya Pa?” ceuk Dayat miceun kapanasaran.
“Kumaha hidep éta mah.  Tapi pikeun waragad sakola mah, ti Bagéan Program  aya dana sajuta satengah pikeun waragad ngawangun kandang domba. Kapan urang mah geus boga kandangna cukup keur lima domba mah,” jawab bapana deui meni écés. Bener wé ari hirup keur bengras mah, geuning ilham téh dumadakan barijil, henteu beku. Buktina bapana  gé mani  lancar perténtang teu éléh kawas patugas penyuluh lapangan waé.
“Hiji deui warta gumbira.  Hidep salaku pamuda pituin didieu anu boga kaparigelan dina ngokolakeun domba Garut dipercaya jadi tenaga bantuan ku Bagéan Program, sabab cenah jurusan kuliahna ngajalur di Peternakan. Gawéna tiap dua minggu sakali nyatet kaayaan domba hibah anu dipiara patani pikeun dilaporkeun ka Bagéan Program.  Keur satauneun, Bagéan Program méré honor keur hidep, tah ieu amplopna,” ceuk bapana marahmay naker bari nyodorkeun amplop coklat anu eusina honor pikeun anakna.    
Plong, dunya anu satadina heureut teh meni asa ngemplong siga jalan gedé sasapuan, kawas caang bulan tanggal opat welas. Langit nu tadina angkeub ku reueuk ngadadak lénglang taya aling-aling. Gusti nu Maha welas tur asih ka umatna. Maparin jalan tur bekel pikeun Dayat méréskeun kuliahna.   
Dayat langsung sujud sukur munajat ka Gusti Alloh anu maparin rahmat teu disangka. Méré kakuatan jeung kapastian  hirup dina enggoning ngahontal cita-cita. Gusti Alloh Maha Uninga. Dina logika manusa asa pamohalan, budak buruh macul tihothat maksakeun manéh boga cita-cita hayang ngaronjatkeun martabat kulawargana ku jalan sakola ka paguron luhur. Tétéla pikeun Alloh mah gampang, perkara anu satadina rudet lir halimun nu nyimbutan, bisa ngadadak nyinglar sapada harita. Mukakeun jalan hirup manusa, Gusti Alloh kawasa. Nu penting mah ulah bosen ngadunga jeung ihtiar.   
Dayat jangji ka dirina ogé ka  indung bapana, manéhna rék soson-soson diajar, nganggeuskeun hanca kuliahna, méh gancang bisa nerapkeun élmu pangaweruhna, bisa ngaronjatkeun hirup kulawargana,  ngabakti ka indung bapa jeung lemah caina.  ****
   Pasirgede, Kampus Suryakancana Cianjur


NEUNDEUN CITA-CITA, Tribunjabar, 30,31, Juli & 1 Agustsu 2013


versi cetak TRIBUNJABAR
Karya :    Dadan Wahyudin
  dimuat di Koran TRIBUN JABAR pada tanggal 30, 31 Juli dan 1 Agustus 2013



TRIBUNJABAR, 30 Juli 2013 (1)


Hirup mah kudu boga cita-cita. Mun bisa  ulah kagok, kudu saluhur béntang kejora.  Pelebah    teu kahontalna,  bisa nyangsang dina bulan gé teu nanaon, bakal boga ajén nu ngagemna.  

Ras mangsa ka tukang basa di sakola baheula, barudak sok ditanya guru, saha nu hoyong janten dokter? Barudak ngaracung. Saha deui nu hoyong janten pilot? Aya dua urang anu ngacung. Saha nu hoyong janten pulisi atawa tentara? Janten guru? Barudak ngaracung paheula-heula bangun ku sumanget. Sanajan masih parolos, barudak réang ngedalkeun  cita-citana.
Ari kuring mah nepi ka sakola SMA ogé duka teuing, teu hayang nanaon. Harita mah  meumeujeuhna resep ulin. Ulin jeung ulin dina uteuk téh. Di sakola harita, loba ngalamuna batan ngaregepkeun pelajaran ti guru. Loba mabalna, batan diajarna.
Batur suhud sakola, kuring katut si Sulé mah, méh unggal poé teu élat nangkring di stamplat Pasirhayam.  Stamplat tujuan ka wewengkon Cianjur kidul.    Di stamplat, ngabako ngalor ngidul jeung calo, supir, katut kenék atawa patugas LLAJ sabot etéman pinuh.  Duka atuh,  kana diajar kuring mah teu resep. Hawana tunduh waé. Sok rét deui rét deui nempo érloji hayang geura bubaran.   
Kahirupan kulawarga kuring harita kaitung jalma aya. Bapa minangka anémer nu sok ngaborong wangunan pamaréntah.  Indung kuring kitu-kitu gé najan pagawé handap pagawé nagri di kabupatén.  Ngan éta, jarang araya di imah, sibuk ku kagiatan séwang-séwangan.  
Tara sok sugan nanya rék miang atawa tas mulang ti mana? Ari kawénéhan mulang peuting, tara sugan  nanya kumaha kaayaan sakola, Jang? Komo ningali rapot mah. Da ari diondang ka sakola lamun pareng aya kumpulan orang tua, cukup diwakilan ku Bi Ijah, nu purah babantu di imah.
Aya kana dua welas taun kuring nyalo di stamplat Pasirhayam. Purah nyokot emélan duit ti beus jalur nu ka Jakarta atawa Sukabumi.  Sakapeung nyaloan élf atawa beus tilu parapat jurusan kakidulkeun.  Tampolana jadi supir témbak ngaganti supir élf anu kagok  maén rémi atawa  ngaguher tibra balas lalajo bola nepi ka subuh.
Hirup di stamplat mah hawana teu weléh bayeungyang. Panas hawa, nya panas haté.  Teu kaopan. Kasigeung saeutik teu weléh hahaok. Lamun ngobrol, garihal jeung sugal   paheuras-heuras genggerong adu tarik jeung sora knalpot. Malah mindeng sok nepi ka galungan alatan parebut panumpang. Di warung nu  nyempod, sok katara nu télér loba teuing arak, gélé, atawa nyabu.
Di stamplat, lain ukur patalimarga nu patingsuliwer nganteurkeun panumpang ka daérah tujuan. Di stamplat pisan kuring mindeng papanggih jeung babaturan sakelas baheula, ogé guru anu turun-naék di dieu.  Mimitina mah éra.  Lila-lila mah biasa alatan ku bakat.  Bakat ku butuh. Butuh waragad pikeun makayaan kulawarga.  Nya di stamplat, lian ti sumber kipayah, kuring meunang  informasi babaturan baheula.     
Tina opat puluh lima batur kuring sakelas basa SMA,  ukur lima urang anu teu puguh pacabakan, kaasup kuring.  Dua urang geus mulang ka jati balik ka asal dipundut ku Nu Kawasa.  Lamun aya babaturan nu rék nyaba atawa mulang ti panyabaan sok ngadon reureuh heula di stamplat. Nungguan elf atawa beus nu  elat. Kukuring sok diajak ngobrol. Urusan nyaloan sok dika Sulé-keun sakeudeung.
Jeung Sulé, sohib sagulang sagulung basa di SMA.  Batur ulin nu sok abring-abringan baheula, kawas si Item ayeuna purah kuli manggul di pasar induk Cianjur.  Si Balok ngageugeuh stamplat Rawabango.  Hiji deui si Rebéh ngaligeuh, tapi sok kawénéhan luntang-lantung di  Ramayana.
Dua taun kamari, kuring kungsi amprok jeung Dodo minangka katua kelas baheula. Dodo imahna di Campaka.  Kulawargana hirupna basajan. Bapana purah ngala batu piemaseun. Mindeng asup ka torowongan jero taneuh.  Nyaéta, kalan-kalan meunang rada muncekil, dibagi rata jeung batur sejena. Teu saeutik anu nyabok. Tina batu anu digulundung, taya emasna saeutik-eutik acan.  

TRIBUNJABAR, Rabu, 31 Juli 2013 (2)
Ayeuna Dodo jadi tentara. Dinesna di Pusdikpasuss Batujajar Bandung.  Kuring muji ka Dodo. Kaitung pinter téh aktip olahraga. Keur ngasah bakatna, Dodo milu Pramuka jeung Paskibra. Ogé béladiri.  Najan diudag-udag waragad sakola, sumanget diajarna teu weléh ngagedur.
“Nya, basa aya pendaptaran Akabri, abdi ngawantunkeun nyobi seleksi di Ajendam Bandung. Nu matak kataji, pédah haratis biayana. Da ari kuliah mah, teu kaérong waragadna.  Ngawitan  tés administrasi, harita bulan April, ijasah tacan aya, nya cekap nganggo serat katerangan ti sakola. Sabada ujian, abdi ngiring tés fisik, kasamaptaan, pengetahuan, psikotés, dugi ka Pantuhir alhamdulillah lancar. Pas kalulusan, abdi langsung dikintun ka Magelang. Numawi dina acara perpisahan sakola, abdi teu ngiring aub,” ceuk Dodo teu weléh lemes, padahal nembrak balok konéng tilu dina taktak nandakeun pangkatna geus jadi Kaptén. Budak basajan ti baheula Dodo mah.  Harita Dodo nyelang mulang ka lemburna Campaka. Meungpeung aya cuti, kalayan ngahaja teu maké mobil dines.    
“Alus milik, énté mah Do. Getén jeung tulatén. Baheula mah kuring, dasar resep ulin di stamplat ieu, nya kiwari jadi pacabakan matuh kuring jeung Sulé. Geus titis tulis nasib kuring meureun. Bener, buah  ragrag tara jauh ti tangkalna. Cing, Do sabaraha urang batur sakelas nu dines di kesatuan?” ceuk kuring angger wé loma. Teu kagok sugan pedah Dodo geus jadi perwira. Asa kawas baheula basa di sakola. 
“Aya lima urang, saémut abdi mah. Dimi anu gugur seléksi di Magelang basa sareng jeung abdi, ahirna nyandak Secaba di Cimahi. Ayeuna dines tugas janten  babinsa di Agrabinta. Eri di kesatuan 312 Kalahitam di Wera. Ramdani di kesatuan para Yon Zipur Ujungberung ayeuna ditugaskeun di Nangabadau, tapel wates jeung Malaysia.  Hiji deui, Dadang dines di Paskhas AU Sulaéman Bandung,” jawab Dodo meni jentré.   Kuring ukur ngembang kadu.
“Henteu capé, Do? Pajar sok dipahala ku pelatih?” cekéng téh kataji ku carita Dodo.
“Moal, ari pami urangna disiplin jeung saged mah …” walon Dodo bari ngarérét érlojina.
“Ari dahar daging oray, naha bener éta téh, Do?” kuring beuki panasaran, hayang atra, sakumaha carita batur, ceuk béja,  tentara kudu wani ngadahar daging oray. Kuring mah fobia kukurayeun ku oray mah, pangsieuna.
“Karandapan basa latihan survivel.  Latihan éta minangka simulasi lamun dina tempur, heug regu urang dikurung musuh. Prajurit kudu tahan uji. Kudu tetep ihtiar.  Jalur logistik geus dipegat musuh, moal aya dahareun.  Ambéh teu salatri,  dangdaunan, beubeutian, atawa bungbuahan kaasup sasatoan siga oray, minangka ganjel peujit. Di Gunung Tidar kajadiana.” Dodo ngajelaskeun mangsa digodog di kawah candradimuka di kesatrian Magelang. Kuring bati unggut-unggutan milu reueus.  
“Teu sieun karacunan, eta téh Do,” cekéng téh rada curinghak. 
“Pan aya élmuna, Teu sadayana beubeutian atawa pupucukan diala. Aya anu dicaram, kalebet oray. Huluna kudu dipiceun ha ha..,” ceuk Dodo ditungtungan ku ngagakgak seuri. Dua sohib anu samangsa kiwari béda pacabakan pating béléngéh seuri bangun ku ni’mat.  Sono lawas teu tepung. Obrolan kuring jeung Dodo kapegat ku mobil xenia  asup ka stamplat.  Ngajemput Dodo. Kulawargana  ti Campaka.  Dodo ahirna pamitan.
Kuring kungsi ngobrol jeung Titin.  Titin gé sarua ti kulawarga basajan.  Kolotna buburuh purah jaga jaring apung di Jangari.  Basa kalulusan manéhna milu tésting ka STAN Jakarta. Ceuk Titin, sakola di STAN mah haratis.  Tinggal daékna.  Taun kahiji geus dipahugi buku, sapatu jeung alat sakola. Taun kadua diangkat CPNS.  Bada lulus, ukur nungguan sabulan, Titin langsung ditempatkeun di Kantor Pelayanan Pajak kota Sukabumi.  Anu ka STAN, ceuk informasi Titin mah aya hiji deui, Soni.  Soni si kutu buku baheula milih jurusan Béa Cukai. Ayeuna ditempatkeun di Kantor Béa Cukai Gedébagé Bandung. 
“Ari Néng Mérlin di mana ayeuna, Tin?” ceuk kuring hayang apal ka batur sakelas nu kungsi ditaksir ku kuring.  Titin sakadar imut bari ngadelék.
“Heuheuy deuh, geuning masih nyangcang duriat téh ….. Ayeuna  Néng Mérlin mah janten PNS di Pemkot Cimahi.  Kapungkur daptar ka IPDN Jatinangor teu katampa. Anjeuna nyobi deui sakali. Daptarna di Pemkot Cimahi, da basa daptar, ngranjrekna di Cimahi ngiring éyangna,” jawab Titin ngagonjak kuring.  Kuring  ukur kéom. “Sukur wé atuh, Néng ari sukses mah,” gerentes haté kuring.
“Ari Jénal?” cekéng téh panasaran ka Jénal, urang basisir kidul anu indekos basa SMA di kota Cianjur. 
“Jénal mah teu neraskeun. Tapi ngiring keurseus béngkél.  Ayeuna muka béngkél di Sindangbarang, usaha maju tur sohor sawewengkon éta mah,” ceuk Titin teu kebat, kaburu aya beus “MGI” nu ka Sukabumikeun. Kuring bati neureuy ciduh.  Geuning batur mah geus tingbelecir lalumpat hirup téh.  Kuring taya hojah. Hirup muter siga panggal.  Cameubleu di hiji tempat.

TRIBUNJABAR, Kamis, 1 Agustus 2013 (3)
Mangkukna patepung jeung Aas di kantin stamplat Pasirhayam. Bada lulus sakola, Aas neruskeun kuliah di PGSD UPI. Milihna Kampus Cibiru.  Ngarah praktis cenah, ti Cianjur tinggal  megat beus Garut, turun di Cileunyi. Ti dinya naék angkot ka Cibiru ukur sarébu perak.  Ari Nenden mah, batur sabangku Aas baheula, milih PGSD Bumi Siliwangi anu perenahna di Lédeng. Sok kana “Maya Raya” nu liwat ka Pasteur. Turun di Pasirkaliki. Ti dinya langsung naék angkot Lémbang.
Basa aya pangangkatan guru-guru SD program D-2 sakumna mahasiswa PGSD  langsung diarangkat pagawe nagri.  Aas ditempatkeun di Pagelaran.  Batur Aas, kawas Siti, Dawa, Meli, Indri, ayeuna jaradi guru SD di wewengkon Cianjur liana.  Dumasar kana  katerangan Aas, batur sakelas nu jadi guru aya kana dua wélasna.   
“Kuring mah teu ngarti ku si Juhli, budak baheula ololého, matematika ukur ceuli monyét. Lamun diajar IPA sok mudeng, lumakuna siga banci. Kamari papanggih geus maké Avansa. Basana gojéh mamalayuan sagala, kaca panon hideung, siga nu cageur … ,” cekéng téh bari anteb teleb ngenyot sigarét. Haseupna dikaluarkeun siga angka enol muter hiber ka jomantara.
“Na, teu apal Kang Juhli?” tembal Aas bari ngaluarkeun tisu dina kantongna.
“Emang jadi naon si Olél?” témbal kuring nu sok ngalandi si Olél ka Juhli téh.  
“Kang Juhli mah bakatna seni téater. Anjeuna mah teu kuliah, tapi aktip di sanggar téater. Ayeuna mah sohor jadi artis sinétron.  Numutkeun tabloid “Gosip Miring”, ayeuna nuju ngagarap sinétron “Warisan” anu latarna daérah Cianjur.  Maenya Akang teu apal ka seleb?” ceuk Aas kituna téh bari nyusut  késang. Panonpoé meumeujeuhna  papanasna.
“Na, bisa jugala kitu. Pan peunteuna gé, bararutut si éta mah?” ceuk kuring asa teu ihlas. Nasib éléh ku si Juhli. Nu baheula mah bodo pisan, rangkingna gé teu weléh sahandapeun kuring.
“Is, teu kenging kitu, Kang. Gusti Alloh mah adil. Sagala mahluk dipasihan kaonjoyan séwang-séwangan. Sok sanaos hayam teu tiasa ngojay, tapi dipasihan alat tiasa kokoréh pikeun makayaan dirina jeung anakna. Atuh maung gaduh sihung pikeun kalanggengan hirupna. Manusa gé teu bénten, gaduh kaparigelan nu pinunjul séwang-séwangan. Kang Juhli teu pinter dina widang ngétang jeung sains, matak anjeuna ngarumaoskeun diri,  teu kabongroy janten guru matematika. Tapi parigel dina maén sandiwara.  Nu matak bakat anjeuna nyongcolang ti dinya, anu nganteurkeun sukses dirina,” Aas ngabejerbéaskeun  élmu panimuna salaku guru, yén manusa, ogé barudak, saéstuna geus dimodalan ku Gusti Maha Suci ti leuleutik. Tinggal kumaha ngokolakeuna, naha bakatna téh rék motékar atawa melempeum.
Diobrolan ku Aas kitu, haté meni kapeupeuh. Luk ngeluk tungkul kawas bueuk meunang mabuk. Tétéla batur-batur sakelas geuning geus bisa nataharkeun  bakat anu dimodalan ku Gusti Alloh dina jalan merenah. Modal pikeun makayaan diri jeung kulawarga kiwari.
Dodo sanajan latihan  beurat. Kudu naék gunung turun pasir, ari  dilakonan  kalayan ihlas mah geuning teu weléh senang.  Jenal onjoy tina usaha béngkél, sok sanajan baheula bolokot oli, ayeuna geus ngaheunang-ngahening.  Si Juhli budak ololého kawas béncong, tapi wantéran, purah ngalucu di hareupeun kelas, mindeng ditanggap batur sakelas, ayeuna sukses jadi artis. 
Emh, hirup kuring mah kalah sué.  Wawales jalma ngedul diajar.  Basa rengsé ujian baheula, batur mah soson-soson dialajar. Tulatén jeung getén  latihan soal-soal urut  ujian.  Minangka ihtiar pikeun ngahontal cita-citana hayang katampa di paguron luhur.  Ari kuring kabawa sakaba-kaba. Histeria pedah lulus.  Senang-senang,  abrul-abrulan. Momotoran. Dunya asa nu sorangan.  Basa sohib dalaptar  ka paguron luhur, kuring  ukur nganteur.  Teu kungsi meuli formulir. Resep wé ngécéng wanoja gareulis nu keur ngantri dalaptar.
Obrolan guru Aas bener. Gusti Alloh mah nyieun manusa dilengkepan bakatna séwang-séwangan.  Baheula kuring resep pisan maén bal, hanjakal teu diteruskeun. Kadoja ku gunemcatur nangkring di stamplat.  Bambang Pamungkas, Atep Kurnia, Gonzales bisa sohor alatan  maén bal. Di tingkat dunya aya Figo, Suarez, atawa  Ronaldo nu sukses ngasah  bakatna bisa  ngageunjleungkeun dunya bola.
Sugan acan elat, kuring jangji ka diri. Ti ayeuna rék neundeun cita-cita. Rék narékahan si utun sangkan boga cita-cita anu hadé.   Pikeun diri kuring, sanajan pacabakan ukur calo stamplat,  leuwih hadé tibatan kulawarga jugala nu teu boga cita-cita jeung paduli kana atikan barudak kahareupna.  **   
 Soekarno-Hatta lebah UNINUS pasosore