Selasa, 03 Mei 2011

Tawanan Mang Uklan, Katabrak Vespa & Murak Timbel

TAWANAN MANG UKLAN
( Dimuat di Mangle 2223/4-10 Jun 2009)

BASA keur sakola kelas 3 SD, kuring boga domba opat. Baheula mah pangangonan domba atawa sapi teh loba, bisa di PPN atawa di kebon buah boga dines pertanian. Ayeuna kari waasna. Kebon buah geus jadi terminal jeung pasar.


Babaturan kuring ge nu boga domba teh rea, atuh balik sakola barudak mindeng ngarumpul di handapeun tangkal buah bari nungguan dombana. PIkeun kuring mah lamun hayang buah hiji dua mah kari maledog atawa dieundeuk-eundeuk wae moal hese pasti murag. Lamun pareng amprok jeung Mang Uklan, mantri kebon buah, ah bejakeun beunang mulung buah anu rag-rag wae. Aman.

Harita di pangangonan kaanjangan ku babaturan sakelas si Astori jeung si Sadim. Manehna mah ti Kamarung kaasup rada ngota, matak atoheun basa dibejaan lamun ulin ka kuring mah cukup mawa uyah wae. Tinggal dicocolkeun ka uyah, buah haseum oge dijamin ni’mat.

Atuh kuring jeung batur kuring naraek kana tangkal buah anu dahana gede, hieum, tur leubeut. Buah kari dirawel wae anu oyag-oyagan katebak angin. Emhn, bagja diri. Katebak angin anu ngahiliwir meni teu peureum benta bari nyocolkeun buah cengkir gumading kana uyah.

Keur kitu rentang-rentang aya Mang Uklan, mantri buah tea bari nanggung jukut keur sapi boga manehna. Kawasna rek lohor heula. Kolesed kuring turun lalaunan ngaleungit dina dapuran cucuk garut teu kacirieun batur kuring.

Geus deukeut Mang Uklan ngabedega nyarekan batur kuring ngan teu hahaok make basa sindir sampir tapi teu burung matak nyentug kana hate.

“Na mani raos, melak henteu, nyebor henteu, putra juragan mah. Yeuh aing ge nu melakna mah luut leet kesang bobolokot nepi kaayeuna sugan geus ngasaan buah? Encaann.. Jang,” ceuk Mang Uklan bari ngecagkeun tanggungan jukut.

“Teu baleg siah, ieu pagawean batur kuring,” gerentes hate si Astori bari turun tina dahan buah.
“Ayeuna wayahna, pangmanggulkeun jukut ka imah aing,” ceuk Mang Uklan. Si Sadim jeung si Astori duaan gantian manggul jukut make rancatan bari leumpangna gagareolan beurat meureun. Aya ku polos lain lumpat wae, kalah sadrah pasrah jadi tawanan Mang Uklan.

Kuring nalingakeun tina rungkun saliara bari teu sirikna ngagakgak seuri ningal polah batur kuring duaan. Hampura sobat. Lain teu ngabejaan, lamun dibejaan oge moal ngarti dina waktu anu samporet. Atuh dina kacerekna bakal dibere kaparoh anu leuwih beurat. Nya, mending manggul jukut, itung-itung olahraga wae sobat!

Dadan w.dhien
– Bandung

KATABRAK VESPA
( Dimuat di Mangle 2227/2-8 Jul 2009)

HARITA bulan kolot, meujeuhna eungap-eungapan mun cara lauk emas mah. Keur baluweng nyanghareupan pangabutuh sapopoe, kapikiran rek neang honor nulis ka Mangle. Lumayan keur ganjel-ganjel nepi ka tanggal hiji.



Atuh kuring miang ti Ujungberung ka kotakeun. Dasar rea pikiran sieun bengsin beak, sieun ban kempes, jste sajajalan bawana rusuh. Na keur kitu teh aya aleutan pagawe pabrik tas istirahat leumpang ngalenghoy kawas keong. Atuh beuki kesel we. Na hate teh urang reureuwas bongan kaleked temen meuntas teh.

”Meleng wae leumpang teh, Nyi!” ceuk kuring rada tarik. Pagawe pabrik nu pangtukangna deukeut vespa kuring lenggerek kapiuhan. Kuring ge milu reuwas, vespa oge ngaguling, padahal ukur lecet sasenggol buntut vespa. Pagawe nu kapiuhan digotong ku baturna ka sisi jalan. Sawareh baturna neangan cai keur nyeuceuh sirahna ngarah sadar.

Deukeut kantor pulisi atuh hol pulisi duaan. Ah, mangkaning SIM geus beak can diperpanjang. Geus kaerong pipanjangeun. Basa pulisi nanya surat-surat kukuring dibere STNK wae. Ceuk pulisi teh bawa wae ka rumah sakit Ujungberung nepi ka dua kalina. Bororaah waragad rumah sakit keur beas ge rek neang heula, pikir teh. Kuring kawas pasakitan diparelong ku masarakat sakuriling.

Keur kitu, kuniang manehna hudang. Teu nyangka sacongo buuk, pitulung ti Gusti Alloh. Manehna bet ngagabrug ka kuring bari sasadu tur ngasongkeun leungeun menta hampura. Bet tibalik. ”Punteun Kang, abdi teh seueur emutan pusing ti bumi keneh!”

”Kumaha teu kedah ka rumah sakit?” ceuk pulisi duaan.

Manehna gideug bari jung nangtung.

”Nya ari kitu mah ieu STNK ngan kade Jang ati-ati ngajalankeun motor teh,” ceuk pulisi mapatahan ka kuring bari nyelah motor neruskeun hanca gawena. Kitu deui riungan masarakat ahirna balubar.
Terus ka Mangle teh? Ah, rek balik deui we. Lieur bisi nabrak deui. Ngan orokaya, tebeng motor dadas. Baelah nu penting salamet.(*)

Dadan w.dhien
– Bandung

MURAK TIMBEL
(dimuat di Mangle No. 2100, 11-17 Jan 2007 hal 68)

Profesi pun bapa kana nyukur, ari ceuk basa kerena mah barbershop atawa pemangkas rambut. Basa pun lanceuk gaduh milik beasiswa ti kampus, heug diinveskeun ka sawah, teu lega mung satengah bau. Atuh bapa asa gaduh aktipitas anyar, rengse di kios cukur langsung ka sawah saaya-aya. Ti mimiti babad galeng, ngocorkeun cai, miceunan jukut, da ari ngawuluku, tandur, ngarambet tur dibuat mah sok diburuhkeun ka buruh tani.


Asa ku reueus, isuk ngala resiko sapopoe, ari bada lohor damel di sawah, siga doser ceuk budak rahul tea mah. Atuh indung kuring ge milu muji, hebatlah bapa maneh mah turutaneun!

Hiji waktu kuring dititah emih nganteuran timbel jeung lalawuhna. “Buru-buru..” saur emih. “karunya bapa maneh tadi beakeun ku adi-adi,”

Atuh najan panas ereng-erengan oge kuring miang dibaturan ku Riki. Biasana ka Bakan Kopi teh make jalan liliwatan urang lembur ka pasar, na harita mah mugen, milih ka kebon wa uju anu rada iuh.
Na ana gok ka sisi saung, kuring ngagebeg, reuwas, na geuning aya bapa didieu. Kuring malaweung, na bapa teh ka sawahna entos atawa encan, da katingal parang jeung paculna beresih taya tapak leutak atawa jukut. Sabot kuring mikir, si bapa jol ngarontok babawaan.

“mawa naon eta?” saur bapa.

“timbel ti emih, pa. kumaha ka serangna parantos?” ceuk kuring malik nanya bari sor ngasongkeun babawaan.

“Geus ayeuna mah purak wae didieu,” saur bapa bari murak timbel ti emih. Atuh teu talangke Riki ge rikat, milu balakecrakan mani ngalimed. Beres botram mah kuring naroskeun kumaha ka serang teh, urang barantuan.

“Kumaha ka serang teh, janten pa?”

“Ayeuna mah urang balik, yu!” saur bapa bari manggul pacul. Ti saprak harita, lamun diingetan, emih jeung kuring sok sing belenyeh mesem, majar teh siga si kabayan wae, disangka banting tulang digawe, singhoreng ngadon titirah di saung, kawasna sieun kagandengan ku adi-adi kuring nu keur meujeuhna marijah.

Dadan w.dhien
Bandung

MUPU BUAH
(dimuat di Majalah Mangle No. 2198 11-17 Desember 2008, kaca 68)

Sok waas mangsa baheula keur budak. Keur usum buah, ari hayang ngarujak atawa nyieun manisan sok, kari maledog wae ku batu.... gedebut buah teh murag. Da di lembur kuring baheula, ampir tiap imah barogaeun tangkal buah.

Harita keur meujeuhna carekeun. Bada isa, rengse ngaji di tajug, barudak teu langsung mulang. Geus jangjian keur ngarujak isuk, oprasi peuting ieu mah bagian buah nu Mang Suklan. Tangkal buah teh leubeut jeung tempatna rada nyingkur sisi walungan.

Dikomando ku si Riki, “target ayeuna mah buah Mang Suklan di sisi walungan Cimarakan, buah cengkir meujeuhna gumading. Mang Suklan bejana keur ka dayeuh hajat dulurna. Ngan kahade maneh, kudu nalingakeun bisi aya nu jalma nu ngaliwat geuwat mere kode”

“Tah keresek keur wadahna” Si Riki ngabagi keresek hideung ka sapuluh urang. Peuting eta tangkal buahna teh dipupu lain ku kalong, tapi barudak balad kuring. Dina oprasina, sok rada lenger, buah diala nepi ka pentil-pentilna bari sok mubah tara didahar. Biasa resep ngala wungkul bari sawareh dibalang-balangkeun ka walungan bari seuseurian siga nu puas bangun ni’mat.

“Tah langsung keureutan we, ngarah isuk di pangangonan kari am rujak teh. Sawareh mah keur sasadiaan sumputkeun. Keun gula beureum jeung cengek mah ti urang...” ceuk si Riki mere komando. Sanggeus kaharti, barudak bubar.

Balik sakola, kuring muru imah si Riki. Kuring kaget mata simeuteun. Si Riki ditalian dicepretan ku Ki Sarman, akina. Barang nempo kuring, nyel Ki Sarman ambek. “Tah, berenyit ieu sigana oge baladna. Kadieu sakalian urang siksa!” ceuk Ki Sarman bari jung nangtung muru ka kuring. Atuh berebet kuring lumpat notog-notogkeun maneh.

Na kunaon atuh si Riki dirogahala akina?


“Tah, eta teh palajaran keur budak carekeun. Buah cengkir anu dipupu peuting tadi geus dibeli ku Ki Sarman ti Mang Suklan. Kade maneh ulah pipilueun. Ki Sarman mah jelemana sahaok kadua gaplok taya ras-rasan” ceuk indung kuring ngajelaskeun. Paingan atuh. Ti harita, kuring mindeng gegebegan ratug tutunggulan, malah sok kaiimpi-impikeun Ki Sarman terus ngudag-ngudag barudak neangan buah cengkirna anu leungit. Barudak sapuluh kecerek, dirangket dicepretan nyere ku Ki Sarman mani tinggareleng beureum bari gogoakan terus menta tulung.

Ampun, Gusti!!! Kuring gigisik. Ah, moal sakali-kali deui rek pipilueun!

Dadan W.dhien
Bandung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar