Sabtu, 20 Agustus 2011

Asa Kana Motor Waè, Mangle,Edisi 2332


oleh: Dadan Wahyudin

Biasa kana motor mangtaun-taun, matak hese dileungitkeun. Sanajan ganti kana mobil, asa aing mawa motor we meureun. Èta nu kaalaman ku Mang Emod, supir pribadi lanceuk kuring.

Lanceuk harita aya kaperluan ka Pasarbaru. Rek balanja baju bawaeun ka Surabaya. Turun hareupeun Pasarbaru, ari mobil dibawa Mang Emod belok ka Jalan ABC, muter ka Kebonkawungkeun. Mang Emod ka Kebonkawung dititah meuli tiket kareta pikeun ka Surabaya poe isuk. Ngarah kabagean korsi anu ngariung, da ari didadak mah geuning, korsi kareta sok ukur panyesaan, teu bisa ngariung opatan.

Lanceuk rengse balanja, nya beunang dua kantong keresek mah babawaan tèh. Na, ari kaluar ka sisi jalan harita hujan ngagebret. Atuh geuwat ka jero Pasarbaru deui.

Buru-buru lanceuk nga-SMS ka Mang Emod anu dititah meuli tiket. Geuwat cenah, rek muru jugjugeun ka tempat sejen. Ma’lum isukan rek miang jauh. Kudu sagala dibereskeun harita keneh. Ngarah isuk kari jung we miang …

Harita hujan ngagebret maseuhan jalan. Teu lila, saterusna mah hujan angin-anginan. Ngan baseuh we mun teu dipayung atawa make jas hujan mah. Cileuncang awur-awuran ka jalan, sigana kamalirna kapeundeut ku runtah. Cai warnana hideung diteuteup anteb ku lanceuk, anu sakapeung nyebrot kadupak gilinding mobil.

Gebeg. Lanceuk ngarenjag tina lamunana. Meh ampir sajam satengahna merhatikeun cileuncang anu seseleket neangan liang cai jiga nu hayang geura nepi ka walungan. Ka mana ari Mang Emod, boa mogok atawa macet kituh?

Teu talangke mencet hape, teu lila nyambung :

“Masih ti mana keneh Mang? Abdi lami ngantosan yeuh..” ceuk lanceuk elekesekeng teu genah cicing.

“Di Kebonkawung keneh, Bu..” tembal manehna.

“Na, tos ampir dua jam yeuh…antri tiketna atawa macet komputerna?” ceuk lanceuk deui.

“Ngantosan Hujan, Bu!” tembal Mang Emod kalem.

“Apan kana mobil, lain?” ceuk lanceuk rada ambek.

“Aeh, leres. Muhun, Bu. Aduh Punteun pisan... Raraosan tèh kana motor..” tembalna bari gura-giru muru mobil anu tadi dikasisikeun. Lanceuk bari dibarung ku keuheul ogè, teu burung mesem ogè ku polah Mang Emod. Kawasna asa make motor waè Mang Emod teh, lamun hujan sok langsung nyisi sieun kabulusan. Sualna meh 10 taun Mang Emod tèh pakasaban tadina kana ojeg. Aya-aya waè…***

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana
Cianjur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar