versi cetak |
Karya : Dadan Wahyudin
Mahasiswa PBSI
S2
Universitas
Suryakancana
Cianjur
Tribunjabar, Salasa, 10 April 2012
RÉT ka lebah stamplat
beus, haté Dayat nyeblak. Urut kebon
buah boga dines pertanian baheula geus taya tapakna. Kiwari ramé ku beus, elf, katut angkutan kota
dibarung ku pahibut ku sora calo marebutkeun panumpang jeung gerungna sora
knalpot.
Lebah dinya pisan,
tempat pangangonan domba Dayat saparakanca baheula. Harita bapana Dayat boga domba beunang maro ti Mang
Elan, anu indungna geus dipulangkeun deui basa Mang Elan perelu waragad hajat
budakna nu cikal.
Baheula hirup basajan.
Loba nu jalujur kénéh. Maro ingon-ingon puguh
saluyu jeung aturana. Lamun bibit nu
diparokeun ngajuru munggaran tur anakna ukur hiji, éta minangka bagéan nu miara
domba. Buruh luat-léét kesang purah ngangon jeung ngarit. Kabéhdieukeun lamun
anakan deui, dibagi saparo séwang. Lamun anakan hiji, satengah séwang. Lamun
anakan dua, nu maro jeung nu ngangon kabagéan hiji séwang.
Kiwari aturan di luhur
geus hésé dina prak-prakana. Loba nu
maro ingon-ingon teu puguh juntrungana. Majarkeun
téh kamusibahan, dombana paéh atawa dibangsat batur. Padahal teu saeutik nu ngahaja dijual ka bandar. Kapan di lembur gé dina jaman kiwari sarua
barutuh duit, hirup konsumtip jeung matré.
Kolot Dayat kaasup
jalma jujur. Harita kabagéan parona,
nyaéta anak domba sajodo. Dayat pisan nu
ngangona. Geus jadi kabiasaan barudak nu
boga domba di lembur, mulang ti sakola
sok langsung tingbelecir muru pangangonan di kebon buah.
Tangkal buah harita
mah jarangkung, jarang anu ngarumpuyuk.
Barudak mindeng naraék bari hahaleuangan. Jarak ti hiji tangkal buah ka nu sejenna
kira-kira lima méteran. Ku mantri pertanian, tegalan téh dipelak sabangsaning buah
cengkir, aromanis, golék jeung gedong.
Di handap tangkal buah ngabayak ku jukut teki jeung kakawatan. Jukutna tara nepi ngajembrung, da kebon buah
kapiara ku mantri. Eta jukut dipikaresep ku domba, sapoé jeput aranteng
nyaratuan tara jauh di lebah dinya.
Ba’da adan asar, batur
ti lembur loba nu ngahaja ulin ka kebon buah.
Lain ukur nu boga domba wungkul, malah
pirajeuneun aya kolot, pamuda, atawa kaom ibu nu ngahaja ka kebon buah. Itung-itung
ngabuburit bari ningalian barudak
anu maén bal. Malah kolot gé kabitaeun milu acrub maén bal jeung
barudak. Barudak séjén sawaréh ulin
uucingan atawa bebentengan.
Lamun mangsa usum
buah, wanci pasosoré dipaké nungguan buah rag-rag.
Angin gedé nebak ranggeuyan buah patinggulayun. Mun kaparengkeun aya nu murag, kolot atawa
budak meni pahibut mulung buah ragrag. Ngarah buah gancang murag, ku barudak
dikawihan: “Pluk hiji pluk dua katiluna murubut,” Pasosoré Dayat mulang, bari
domba geus baluncir.
Dayat mah kawilang rajin,
tamba kesel nungguan domba nu aranteng, saméméh maén bal, sok nyelangan
ku ngarit jukut sasadiaan pikeun engké peuting. Pédah lamun taya jukut, domba mindeng disada bébéréléan, matak ngaganggu
tatanggana.
Domba Dayat anu sajodo
téh rendey anakan. Ngan orokaya, tara
nepi ka gedé. Ku kolot Dayat geus diancokeun ka Mang Saon bandar domba anu
kasohor di wewengkon dinya mah. Pangpangna dina mapag taun sakola anyar. Teu bisa pakumaha, kolot Dayat saukur buburuh
macul. Ari Bi Erat indungna, purah buruh nyeuseuh. Nya anak domba nu dipaké tanggelana. Kitu
jeung kitu we unggal taun téh.
Nepi kahiji waktu,
Dayat bingung ku sual dombana.
“Geus, jual waé
mending si Romdon teh, Yat,” Ceuk hiji sora, ngagebah lamunan Dayat nu harita keur huleng jentul. Tétéla geuning bapana. Kituna téh bari ngécagkeun carangka jukut
jeung pacul tas buburuh macul ti huma Mang Jaka. Perkara ngajual si Romdon, domba kari hiji-hijina.
Tiisuk taya solusi alias buntu. Bapana keukeuh hayang ngajual waé, patojaiyah jeung
kahayang Dayat nu teu panuju. Nu matak,
sabot ditinggalkeun hanca macul nepi ka mulang bapana, Dayat ukur cameubleu nalingakeun
paripolah si Romdon nu keur ngagayem jukut beunang ngarit kamari.
Si Romdon pada muji, minangka
terah domba hadé boh dedegna atawa turunana. Awakna rubak kawantu bibit pinunjul.
Berséka munasabah unggal poé jumaah mindeng dimandian ku Dayat. Malah dikokolot ku domba séjén mah lamun dina
jalma mah. Da éta, ka mana si Romdon
indit, domba séjén di pangangonan teu weléh naluturkeun boh jaluna boh anakna. Lamun dijual pasti pada loba nu nyaranggap
paheula-heula.
“Ah, Dayat moal
masihkeun, Pa,” ceuk Dayat alon bari panon carinakdak.
“Ari kitu rék mayar kuliah
ku naon? Lain isukan Senén SPP kudu dibayar?” ceuk Bapana rada muncereng.
“Wios, paling cuti
heula,” témbalna bari mencrong ka daun kérsem dauna ngeprul katebak angin.
“Deudeuh teuing anaking.
Mun heug Bapa jalma boga mah, hidep rék dijujurkeun ka mana waé hayang sakolana,”
jumerit haté bapana. Kagagas, boga budak nunggal diparengkeun taya kaboga,
kahayang ukur kahayang, nasib diri ukur sakieu.
Mun kudu peunggas sakola, lebar temen anaking, hidep mah kawilang budak pinter.
Tribun, Rebo, 11 April 2012
Pikeun Dayat, si Romdon
téh kameumeut pisan, sanajan bangsa sato.
Kawantu ngamumulé si Romdon tèh aya kana tilu tauna. Si Romdon minangka
anak domba ngaganti indungna anu geus kolot teuing, domba paro ti Mang Elan
baheula. Dingaranan Romdon sotéh pédah dijurukeuna pas pisan di bulan Romadon.
Ku Dayat dijadikeun bibit. Kaitung deres,
dua taun tilu kali anakan, sakali ngajuru anakna dua, malah taun kamari mah
nepi ka tiluna tur katurut kabéh.
“Tadi Mang Saon geus wani
sajuta satengah cenah. Lamun hidep
cocog, hayu urang bawa, ambéh kabawa duitna, engké mulang isuk ka kampus?” ceuk
bapana deui bari ngalinting bako ku pahpir, terus nyekéskeun panékér. Sabot
nungguan jawaban budakna, pelenyun udud. Ngalageday dina korsi hoé, bari ngahihidan
awakna ku dudukuy butut miceun hawa jeung haté anu bayeungyang. Asa ku ni’mat udud tas capé, sanajan
hirup teu weléh diudag-udag pangabutuh nu pohara. Sajongjonan bapa jeung budak ngabaretem,
lir gaang katincak, taya hojah jeung picaritaeun.
Ari Bi Erat, indungna Dayat, wanci lohor mah waktuna buburuh
nyeuseuh, arang aya di imah, majar téh muru poé panas cenah, ambéh baju
dunungana garing. Bada lohor sok bari
ngalicinan. Kakara dina pas ngong adan asar mulangna. Lumayan keur nyambung hirup sapopoé, nya Bi
Erat pisan nu diandelkeuna. Ari béas mah
meunang ladang derep di Haji Adé sok dihéler nalika butuh. Lalawuhna, beunang
ngunder di buruan anu rajeun dipelakan tutuwuhan, kayaning sampeu, jaat,
surawung jeung roay. Mun pareng kawénéhan manggih suung megar di huma, nya bisa
boga dahareun nu anéh.
Bapa Dayat lain hayang pamér, tihothat nyakolakeun budakna ka
paguron luhur téh, estuning lahaola. Manglebarkeun budakna, Dayat mah budak pinter
di SMA-na. Manéhna asupna ka paguron luhur gé teu testing, kabawa PMDK, milih
jurusan Peternakan. Satadina mah, sugan jaganing
géto, Dayat jadi cukanglantaran pikeun ngarobah nasib kulawargana. Saeutikna ari boga élmu moal hésé néang
kipayah jaga, ulah jiga bapana anu “usrip”, usaha ripuh.
Susuganan jaga boga milik muka pausahaan domba Garut kawas
Insiyur Slamet anu geus jugala atawa bisa aub digawé di pausahaana. Tangtu kahirupan kulawarga bakal kajait. Kapan domba pikeun masarakat urang mah kacida
diperelukeuna, paragi hajat nu akékoh atawa korban mangsa Rayagung.
Dayat geus manukna miara domba mah, ti basa sakola SD tug nepi ayeuna kuliah. Ti mimiti ngarit, méré parab jeung cai nginum,
ngubaran domba gering, nyekok domba nu ancin nepi ngamandian domba geus pinter,
Paribasana mah kari tolab téori jeung ménéjeménna.
Dina miarana, Dayat éstu getén.
Munasabah dombana katurut. Ngan
nyaèta, ingon-ingona teu weléh ragrag ka Mang Saon. Siga ayeuna, si Romdon, domba lekasan
hiji-hijina. Pileuleuyan. Deudeuh teuing.
“Kumaha Mang. Jadi si Romdon téh dijualna?” cenah teu katangar iraha muka panto pagerna, jol geus ngajega Mang Saon hareupeun Dayat
katut bapana.
“Lamun arék yeuh, sajuta satengah gancang sakuan! Keun dombana
mah soré ku si Ejé ditungtuna,” ceuk Mang Saon bari ngaluarkeun duit gepokan
dina kantong hideung nu teu weléh disorén. Abong bandar domba, duitna meni
metet ku lambaran saratus rébuan, lima puluh rébuan, ogé dua puluh jeung sapuluh
rebuan. Sakedapan Dayat jeung bapana ngembang kadu nempo duit nu sakitu lobana.
Bapana teu bisa pakumaha, nunggu budakna panuju. Teu wani mutuskeun sorangan dina sual si Romdon
mah. Ongkoh deuih, si Romdon mah bogana Dayat.
Haté Dayat beuki galécok, bet ngadadak ratug tutunggulan jeung
léah, nempo duit anu ceuyah. Tarima
entong, entong tarima …, gerentesna siga nu ngitung kancing. Nepi ahirna Dayat
negerkeun manéh wakca balaka ka Mang Saon.
“Insya Alloh diical Mang.
Mung abdi hoyong badanten heula sareng pun biang. Dikukumaha ogé tangtos
kedah mupakat sadaya. Saéna antos samulihna pun biang sonten,” ceuk Dayat bari
teu weléh neuteup kandang domba di gigir imahna.
Emh, Romdon, domba anu
dimumulé ti basa Dayat lulus SMP. Domba anu teu weléh dipusti-pusti, diparaban jukut
pinilih ladang ngarit. Sakapeung dipahugi
cangkang cau nangka beunang nganteuran Bi Mirah, tatangga tukang goréngan. Malah mindeng
dibéré huut beunang nyiar ti héleran Ki Ucim atawa hampas tahu minangka
konséntratna. Nginumna sok dibéré cibéas
ngarah séhat jagjag waringkas. Malah sok dibéré jamu dicekok cai konéng badag
sagala, ngarah rampus kana nyatu. Dua
bulan sakali buluna dicukuran. Bada
jumaahan ngahaja dimandian di Susukan Cimarakan. Munasabah lamun si Romdon mah domba
berséka, kulitna anu bodas semu coklat tèh mulus beresih matak pikareueuseun. Béda jeung domba nu lian keur garimbal téh kaluleuheu
deuih.
“Sanes nolak pangasih, Mang. Saéna sonten wé, Mang. Abdi gé aya
kempelan di balé désa ieu téh. Duka badé nyawalakeun naon deui téh? Insya Alloh, sonten kuring sakulawarga tiasa
kempel sadaya, mudah-mudahan mupakat tur mangpaat,” ceuk bapana Dayat bari mémérés
kamprétna rék muru abdas lohor heula saméméh ka balé desa.
“Nya ari kitu mah teu nanaon.
Keun soré, ongkoh sayah gé rék ka Ki Eman heula, cenah aya perelu ka
kuring,” ceuk Mang Saon bari nyelah bekjul hideungna.
Tribunjabar, Kamis, 12 April 2012
Waktu nyérélék teu
karasa. Dayat guling gasahan. Rét deui ka kandang domba, rét deui ka jalan. Si Romdon
keur depa bari anteng ngagayem jukut,
siga nu keur ngalamun. Di handapeun
kandang, katara carangka pinuh ku jukut
anu seger beunang ngarit bapana ti huma tadi, meureun minangka jukut pamungkas.
Panon si Romdon mencrong
ka kuring, kawas nu ambek pédah rumasa rék dijual. Kurang kumaha aing ngabakti ka anjeun? cohagna mah kitu mun
bisa ngomong mah. Tapi kuring butuh
waragad sakola, keun ditebus deui, mun kuring geus réngsé. Kumaha
tah lamun aing langsung dilékék? témbal si Romdon. Aeuh, heueuh, mana Mang Saon mah telenges, rék
domba jalu, domba bikang, malah teu sirikna anak domba ahirna teu weléh perlaya
di méja jagal. Hampura kuring, Romdon!!
Rét deui ka tungtung
jalan, sieun jol Mang Saon atawa bujangna si Ejé, terus maksa ngaringkid bari nyényéréd si Romdon
anu tétéjéhan embungeun dibawa. Ku si
Ejé digebugan ku paneunggeul nepi ka gereuneuk. Si Romdon ménta tulung. Mbééé….mbéé….cenah sorana nepi ka peura bales sasambat
bébéréléan, antukna ngiles leungit diteureuy pengkolan. Kitu galécok haté Dayat, teu ka rasa kongkolak
panona ngalimba.
Rekééét… panto pager
buruan tina awi aya nu muka. Gebeg… Haté Dayat ngagebeg, pangaciana méh ngaleyap,
jajantung méh copot. Kagagas kudu nyakséni si Romdon ditandasa si Ejé ayeuna
mah lain ukur carita.
Eh, lain geuning, lain
si Ejé. Tétéla bapana tas gempungan ti balé desa.
“Yat, bolay ….. Bolay…”
ceuk bapana hariweusweus.
“Bolay naon, Pa?” Dayat teu sabar kana informasi rapat cikénéh.
“Teruskeun sakola!
Domba teu kudu dijual..” ceuk bapana dumadakan
pasemona bérag pisan.
“Na, perkawis naon rapat
di balé desa téh,” ceuk Dayat kebek ku panasaran.
“Ti Pamaréntah aya
program pemberdayaan pikeun ngawangun masarakat désa. Pikeun désa urang kabagéan
program unggulan ngembangkeun budidaya domba Garut. Tiap kulawarga patani baris dibéré 3 domba
danten….” Bapana ngajelaskeun hasil rapat.
“Eta domba kedah
dipésér ku urang? sareng terasna kumaha?” Dayat motong informasi bakating ku
hayang jentré informasi éta.
“Haratis, Yat, waragadna
kabéh ti pamaréntah. Tah jaluna disayogikeun
jalu unggul disimpen di ketua kelompok.
Lamun bibit domba geus anakan, wayahna anak munggaran anu geus disapih geuwat
kudu disetorkeun ka Bagéan Program pikeun disalurkeun ka masarakat di désa
séjén nu can kabagéan. Nu kadua katiluna mah bakal milik urang,” ceuk bapana meni
norowélang ngabejerbéaskeun élmu panimuna basa rapat tadi ka budakna. Dayat
unggut-unggutan tandaning ngarti tur satuju.
“Janten si Romdon mah
teu kedah diical, nya Pa?” ceuk Dayat miceun kapanasaran.
“Kumaha hidep éta
mah. Tapi pikeun waragad sakola mah, ti Bagéan
Program aya dana sajuta satengah pikeun
waragad ngawangun kandang domba. Kapan urang mah geus boga kandangna cukup keur
lima domba mah,” jawab bapana deui meni écés. Bener wé ari hirup keur bengras
mah, geuning ilham téh dumadakan barijil, henteu beku. Buktina bapana gé mani lancar perténtang teu éléh kawas patugas penyuluh
lapangan waé.
“Hiji deui warta gumbira. Hidep salaku pamuda pituin didieu anu boga kaparigelan
dina ngokolakeun domba Garut dipercaya jadi tenaga bantuan ku Bagéan Program,
sabab cenah jurusan kuliahna ngajalur di Peternakan. Gawéna tiap dua minggu
sakali nyatet kaayaan domba hibah anu dipiara patani pikeun dilaporkeun ka
Bagéan Program. Keur satauneun, Bagéan
Program méré honor keur hidep, tah ieu amplopna,” ceuk bapana marahmay naker bari
nyodorkeun amplop coklat anu eusina honor pikeun anakna.
Plong, dunya anu
satadina heureut teh meni asa ngemplong siga jalan gedé sasapuan, kawas caang
bulan tanggal opat welas. Langit nu tadina angkeub ku reueuk ngadadak lénglang
taya aling-aling. Gusti nu Maha welas tur asih ka umatna. Maparin jalan tur
bekel pikeun Dayat méréskeun kuliahna.
Dayat langsung sujud
sukur munajat ka Gusti Alloh anu maparin rahmat teu disangka. Méré kakuatan
jeung kapastian hirup dina enggoning
ngahontal cita-cita. Gusti Alloh Maha Uninga. Dina logika manusa asa pamohalan,
budak buruh macul tihothat maksakeun manéh boga cita-cita hayang ngaronjatkeun
martabat kulawargana ku jalan sakola ka paguron luhur. Tétéla pikeun Alloh mah
gampang, perkara anu satadina rudet lir halimun nu nyimbutan, bisa ngadadak
nyinglar sapada harita. Mukakeun jalan hirup manusa, Gusti Alloh kawasa. Nu
penting mah ulah bosen ngadunga jeung ihtiar.
Dayat jangji ka dirina
ogé ka indung bapana, manéhna rék
soson-soson diajar, nganggeuskeun hanca kuliahna, méh gancang bisa nerapkeun élmu
pangaweruhna, bisa ngaronjatkeun hirup kulawargana, ngabakti ka indung bapa jeung lemah caina. ****
Pasirgede, Kampus Suryakancana Cianjur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar