Selasa, 17 November 2009

Tinggaleun Beus


dimuat di Mangle No. 2224, 4-10 Juni 2009

Padumukan kuring di Ujungberung, teu jauh ti pul beus Primadona di Ciporeat baheula mah. Atuh basa aya kagiatan praktikum hiji mata kuliah ka Balai Penelitian Veteriner (Balivet) Bogor, urusan beus mah tanggung jawab kuring. Gampang, mulang ti kampus nyimpang heula sakeudeung mesen beus.

Harita memang keur usum pere, beus rada hese. Ceuk karyawana engke rek dibere beus anu balik ti Magelang subuh. Beus eta mah alus, bubuhan ka kuring, ngan rada beurang saeutik, da kudu dimandian heula, paling jam satengah tujuhan. Heug wae, da nyalse acarana ge teu rusuh, ukur mawa 30 mahasiswa mata kuliah pilihan lain wajib.

Isukna kuring ngalaporkeun harga beus, jumlah korsi tur kaayaan beus nu dipesen. Atuh Bapa sareng Ibu dosen marahmay, isuk keneh cenah bisi kapegat macet, beurangna bisa sumpang simpang heula bisi rek mareuli oleh-oleh. Ka si Ibro, karyawan beus dipesenkeun beus kudu geus nongkrong di Dipatiukur hareupeun kampus Unpad.

Dina hari H-na, satengah genep kuring ngahaja ka pasar make vespa keur babawaan dina beus. Pas ngaliwatan kantor beus sepi, henteu kasampak beus anyar datang atawa dimandian. Ah, can datang meureun, cekeng teh.

Kuring nunda vespa, geus sagala beres clak kana angkot muru ka kantor beus. Ah, rek sakalian milu jeung supir ngarah gagah minangka ngawal beus, gerentes hate teh.

Kantor beus angger sepi, henteu aya jalma anu ngulampreng. Ceuk pikir kuring, jigana beus ti Magelang tea elat, usum pere tea, tapi keun wae sakumaha elatna kuring mah moal kabeurangan da milu jeung beus anu rek dipake ka Bogor. Mahasiswa sejen paling narungguan, geus datang mah engke..... meureun biuuuurrr.. beus teh indit babarengan.

Jam tujuh kantor beus buka. Gebeg kuring reuwas satakeur kebek. Napas renghap ranjug. Ceuk pagawena beus keur ka Bogor ti subuh mula geus stand by di Dipatiukur. Gustiii. Kudu kumaha kuring ayeuna geus beurang masih di Ujungberung. Teu talangke clak kuring naek angkot. Ngan edasss, aya ku macetna pasar Ujungberung, Cicaheum oge pasar Suci matak kesel jeung napsu.

Bener wae.... ari tepi ka Dipatiukur, beus geus teu aya, tinggal beus Damri Kopo-Dago. Harita mah teu aya Hp, teu bisa sms. Rek balik deui ka tempat kos, era ku solmet. Ah, mending teruskeun balik ka lembur we sarua keneh miang. Lamun mulang ka Bandung mah rek meuli seupan tales wae ngarah siga tas ti Bogor.

Ceuk babaturan kuring, pa profesor kacida keselna. Anjeuna ngantosan kuring dugi ka jam dalapan. Ahirna kapaksa ditinggalkeun bisi elat. Basa babaturan ngobrolkeun kajadian di Bogor mani tingbarakatak sugema. Emhh...nasib....Ngan anu ngahibur hate teh kuring dibere niley reproduksi ternak II niley B, padahal teu mere laporan praktikum da euweuh anu dilaporkeuna. Sigana masih keneh haat ka kuring anu geus usaha neangan beus rada alus. (**)

Dadan w. dhien
GMP - Cnk
Bandung

Panineungan kanggo Gazelle 91 saparakanca.....

Ngubaran Nyeri Huntu

dimuat dina Mangle No. 2234, 20-26 Agustus 2009

Bi Mirah di lembur kuring katelah tukang ngubaran nyeri huntu. Lain make obat atawa jamu, ieu mah make geutah jarak jeung ..... anak cucunguk. Ari geutah jarak mah kuring ge ngarti hasiatna, ngan palebah anak cucunguk mah rada curiga.


Nyeri huntu mah, kasakit anu taya pirajeuneun ngalongok. Malah kacapangan rea anu pada ngaheureuykeun, paribasa majar nu nyeri huntu mah gawena baketut paromana murukusunu, kasigeung saeutik hawana ambek-ambekan.

Keur piubareun di sakuriling imah Bi Mirah ngahaja dipageuran ku tangkal jarak. Di juru imahna ngahaja neundeun bata urut keur miara anak cucunguk paragi ubar. Bi Mirah teh jadi sohor teh cenah ubarna mujarab, sualna lamun tas ngubaran, jaramna langsung barijil. Eta pisan nu matak Bi Mirah dipercaya.

Hiji waktu babaturan nyeri huntu nyanyautan. Kuring milu maturan tatamba ka Bi Mirah. Teu talangke Bi Mirah ninggas tangkal jarak. Geutahna dikucurkeun kana pisin. Terus ngala anak cucunguk dina tumpukan bata urut tea. Geutah jarak ditetelkeun kana huntu anu nyeri. Anak cucunguk diremes ku ramo Bi Mirah. Dabot batur kuring ngagoak nahan nyeri, Bi Mirah ngomong kieu:

"Tuh, tingali jaramna, cacing-cacing leutik kaluar. Ieu nu matak mawa nyeri huntu teh!" cenah bari nunjuk kana cacing leutik tingarutek dina curuk Bi Mirah. Ari babaturan mah ngan bati unggeuk. Teu lila kusiwel mere amplop ka Bi Mirah.

Tapi pikeun kuring mah tanda tanya. Maenya aya jaram huntu kaciri bungkeuleukana. Kuring curiga terus, teu talangke ngala anak cucunguk terus dipekprek. Kacurigaan kuring bener, cacing leutik anu tingarutek teh horeng aya dina jero beuteung cucunguk lain jaram dina huntu. Ngan teu gandeng, eta mah kreatipitas anu jadi rusiah Bi Mirah, nu penting mah pasen cageur, lain? Kawasna nu boga hasiat mah geutah jarak, ari anak cucunguk mah ukur pamaes wungkul ngarah pasen percaya. (**)

Dadan w. dhien
GMP - Cnk
Bandung

Endog Entog


(dimuat di Majalah Mangle, No. 2240, 8-14 Oktober 2009, kaca 54)

Ieu pangalaman kulawarga kuring baheula basa keur di lembur. Bapa gaduh putra dalapan. Padamelan mung sakadar nyukur di kios. Harita hirup teha kawilang werit zaman susah.

Kahirupan baheula beda jeung ayeuna. Geura bae barudak ayeuna mah kana kadaharan teh sok pilihan. Sagala aya. Teu sirikna manggih daging hayam meh unggal poe sapingping ewang. Oge endog hayam hiji ewang kadangkala dua ku sorangan.

Basa baheula mah boro-boro, lamun nyieun sayur lodeh atawa angeun haseum sok dilobaan caina, atuh minimal cai-caina anu bisa dibanjurkeun ka sangu cukup ku cengek jeung uyah ge jalan. Sakapeung mah meuleum asin nu heuras siga bagal sampeu dina hawu. Manggih daging hayam teh lamun pas lebaran atawa aya hayam muyung atawa hayam aduglajer katabrak motor nu kaburu dipeuncit.

Ari endog mah saminggu sakali aya, da di pengker bumi ngukut ingon-ingon domba, hayam, entog jeung manuk japati. Lamun rusuh atawa henteu aya nu dipasak, emih sok miwarang nyandak endog hayam atawa entog langsung ti sayangna.

Harita kuring saparakanca tas bubaran sakola ngaraeh lapar. Atuh bari nyangu, saur emih : ”Tuh, cokot endog entog di kolong kandang domba..”

Teu talangke kuring nyokot endog entog. Rada hese oge da aya entog teu indit-indit keur nyireukeum. Tapi teu burung beunang dua siki terus diseupan bareng jeung sangu dina aseupan.

Sangu jeung endog entog asak. Lanceuk, kuring jeung adi teu salabar pahibut ngeduk sangu jeung murak endog entog. Na...Barang dibuka, lanceuk kuring nu awewe ngajerit. ”Emihh....endogna aya anak entogan”. Endog nu meh sahuapeun teh teu jadi, anggur mah ngabirigidig. Singhoreng entog keur nyileungleum anu tilu poe deui megar.

Torojol emih ti warung nyandak tahu, brus digoreng. Kuring saparakanca nuluykeun dahar mani ngalimed. Lamun ras inget kajadian eta, kuring saparakanca sok sing belengeh seuri. Aya-aya wae.

Dadan w.dhien
GMP - Cinunuk –
Bandung

Panineungan Teh Yani di Pagaden hehe

MUPU BUAH

(dimuat di Majalah Mangle No. 2198 11-17 Desember 2008, kaca 68)

Sok waas mangsa baheula keur budak. Keur usum buah, ari hayang ngarujak atawa nyieun manisan sok, kari maledog wae ku batu.... gedebut buah teh murag. Da di lembur kuring baheula, ampir tiap imah barogaeun tangkal buah.

Harita keur meujeuhna carekeun. Bada isa, rengse ngaji di tajug, barudak teu langsung mulang. Geus jangjian keur ngarujak isuk, oprasi peuting ieu mah bagian buah nu Mang Suklan. Tangkal buah teh leubeut jeung tempatna rada nyingkur sisi walungan.

Dikomando ku si Riki, “target ayeuna mah buah Mang Suklan di sisi walungan Cimarakan, buah cengkir meujeuhna gumading. Mang Suklan bejana keur ka dayeuh hajat dulurna. Ngan kahade maneh, kudu nalingakeun bisi aya nu jalma nu ngaliwat geuwat mere kode”

“Tah keresek keur wadahna” Si Riki ngabagi keresek hideung ka sapuluh urang. Peuting eta tangkal buahna teh dipupu lain ku kalong, tapi barudak balad kuring. Dina oprasina, sok rada lenger, buah diala nepi ka pentil-pentilna bari sok mubah tara didahar. Biasa resep ngala wungkul bari sawareh dibalang-balangkeun ka walungan bari seuseurian siga nu puas bangun ni’mat.

“Tah langsung keureutan we, ngarah isuk di pangangonan kari am rujak teh. Sawareh mah keur sasadiaan sumputkeun. Keun gula beureum jeung cengek mah ti urang...” ceuk si Riki mere komando. Sanggeus kaharti, barudak bubar.

Balik sakola, kuring muru imah si Riki. Kuring kaget mata simeuteun. Si Riki ditalian dicepretan ku Ki Sarman, akina. Barang nempo kuring, nyel Ki Sarman ambek. “Tah, berenyit ieu sigana oge baladna. Kadieu sakalian urang siksa!” ceuk Ki Sarman bari jung nangtung muru ka kuring. Atuh berebet kuring lumpat notog-notogkeun maneh.

Na kunaon atuh si Riki dirogahala akina?

“Tah, eta teh palajaran keur budak carekeun. Buah cengkir anu dipupu peuting tadi geus dibeli ku Ki Sarman ti Mang Suklan. Kade maneh ulah pipilueun. Ki Sarman mah jelemana sahaok kadua gaplok taya ras-rasan” ceuk indung kuring ngajelaskeun. Paingan atuh. Ti harita, kuring mindeng gegebegan ratug tutunggulan, malah sok kaiimpi-impikeun Ki Sarman terus ngudag-ngudag barudak neangan buah cengkirna anu leungit. Barudak sapuluh kecerek, dirangket dicepretan nyere ku Ki Sarman mani tinggareleng beureum bari gogoakan terus menta tulung. Ampun, Gusti!!! Kuring gigisik. Ah, moal sakali-kali deui rek pipilueun!

Dadan W.dhien
GMP – Cinunuk
Bandung