Selasa, 17 November 2009

Endog Entog


(dimuat di Majalah Mangle, No. 2240, 8-14 Oktober 2009, kaca 54)

Ieu pangalaman kulawarga kuring baheula basa keur di lembur. Bapa gaduh putra dalapan. Padamelan mung sakadar nyukur di kios. Harita hirup teha kawilang werit zaman susah.

Kahirupan baheula beda jeung ayeuna. Geura bae barudak ayeuna mah kana kadaharan teh sok pilihan. Sagala aya. Teu sirikna manggih daging hayam meh unggal poe sapingping ewang. Oge endog hayam hiji ewang kadangkala dua ku sorangan.

Basa baheula mah boro-boro, lamun nyieun sayur lodeh atawa angeun haseum sok dilobaan caina, atuh minimal cai-caina anu bisa dibanjurkeun ka sangu cukup ku cengek jeung uyah ge jalan. Sakapeung mah meuleum asin nu heuras siga bagal sampeu dina hawu. Manggih daging hayam teh lamun pas lebaran atawa aya hayam muyung atawa hayam aduglajer katabrak motor nu kaburu dipeuncit.

Ari endog mah saminggu sakali aya, da di pengker bumi ngukut ingon-ingon domba, hayam, entog jeung manuk japati. Lamun rusuh atawa henteu aya nu dipasak, emih sok miwarang nyandak endog hayam atawa entog langsung ti sayangna.

Harita kuring saparakanca tas bubaran sakola ngaraeh lapar. Atuh bari nyangu, saur emih : ”Tuh, cokot endog entog di kolong kandang domba..”

Teu talangke kuring nyokot endog entog. Rada hese oge da aya entog teu indit-indit keur nyireukeum. Tapi teu burung beunang dua siki terus diseupan bareng jeung sangu dina aseupan.

Sangu jeung endog entog asak. Lanceuk, kuring jeung adi teu salabar pahibut ngeduk sangu jeung murak endog entog. Na...Barang dibuka, lanceuk kuring nu awewe ngajerit. ”Emihh....endogna aya anak entogan”. Endog nu meh sahuapeun teh teu jadi, anggur mah ngabirigidig. Singhoreng entog keur nyileungleum anu tilu poe deui megar.

Torojol emih ti warung nyandak tahu, brus digoreng. Kuring saparakanca nuluykeun dahar mani ngalimed. Lamun ras inget kajadian eta, kuring saparakanca sok sing belengeh seuri. Aya-aya wae.

Dadan w.dhien
GMP - Cinunuk –
Bandung

Panineungan Teh Yani di Pagaden hehe

1 komentar:

  1. Emh, hawatos atuh, Kang. Kin, urang meser endog sakilo kanggo nyalira ...

    BalasHapus