Selasa, 17 November 2009

Ngubaran Nyeri Huntu

dimuat dina Mangle No. 2234, 20-26 Agustus 2009

Bi Mirah di lembur kuring katelah tukang ngubaran nyeri huntu. Lain make obat atawa jamu, ieu mah make geutah jarak jeung ..... anak cucunguk. Ari geutah jarak mah kuring ge ngarti hasiatna, ngan palebah anak cucunguk mah rada curiga.


Nyeri huntu mah, kasakit anu taya pirajeuneun ngalongok. Malah kacapangan rea anu pada ngaheureuykeun, paribasa majar nu nyeri huntu mah gawena baketut paromana murukusunu, kasigeung saeutik hawana ambek-ambekan.

Keur piubareun di sakuriling imah Bi Mirah ngahaja dipageuran ku tangkal jarak. Di juru imahna ngahaja neundeun bata urut keur miara anak cucunguk paragi ubar. Bi Mirah teh jadi sohor teh cenah ubarna mujarab, sualna lamun tas ngubaran, jaramna langsung barijil. Eta pisan nu matak Bi Mirah dipercaya.

Hiji waktu babaturan nyeri huntu nyanyautan. Kuring milu maturan tatamba ka Bi Mirah. Teu talangke Bi Mirah ninggas tangkal jarak. Geutahna dikucurkeun kana pisin. Terus ngala anak cucunguk dina tumpukan bata urut tea. Geutah jarak ditetelkeun kana huntu anu nyeri. Anak cucunguk diremes ku ramo Bi Mirah. Dabot batur kuring ngagoak nahan nyeri, Bi Mirah ngomong kieu:

"Tuh, tingali jaramna, cacing-cacing leutik kaluar. Ieu nu matak mawa nyeri huntu teh!" cenah bari nunjuk kana cacing leutik tingarutek dina curuk Bi Mirah. Ari babaturan mah ngan bati unggeuk. Teu lila kusiwel mere amplop ka Bi Mirah.

Tapi pikeun kuring mah tanda tanya. Maenya aya jaram huntu kaciri bungkeuleukana. Kuring curiga terus, teu talangke ngala anak cucunguk terus dipekprek. Kacurigaan kuring bener, cacing leutik anu tingarutek teh horeng aya dina jero beuteung cucunguk lain jaram dina huntu. Ngan teu gandeng, eta mah kreatipitas anu jadi rusiah Bi Mirah, nu penting mah pasen cageur, lain? Kawasna nu boga hasiat mah geutah jarak, ari anak cucunguk mah ukur pamaes wungkul ngarah pasen percaya. (**)

Dadan w. dhien
GMP - Cnk
Bandung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar