Selasa, 27 Agustus 2013

NEUNDEUN CITA-CITA, Tribunjabar, 30,31, Juli & 1 Agustsu 2013


versi cetak TRIBUNJABAR
Karya :    Dadan Wahyudin
  dimuat di Koran TRIBUN JABAR pada tanggal 30, 31 Juli dan 1 Agustus 2013



TRIBUNJABAR, 30 Juli 2013 (1)


Hirup mah kudu boga cita-cita. Mun bisa  ulah kagok, kudu saluhur béntang kejora.  Pelebah    teu kahontalna,  bisa nyangsang dina bulan gé teu nanaon, bakal boga ajén nu ngagemna.  

Ras mangsa ka tukang basa di sakola baheula, barudak sok ditanya guru, saha nu hoyong janten dokter? Barudak ngaracung. Saha deui nu hoyong janten pilot? Aya dua urang anu ngacung. Saha nu hoyong janten pulisi atawa tentara? Janten guru? Barudak ngaracung paheula-heula bangun ku sumanget. Sanajan masih parolos, barudak réang ngedalkeun  cita-citana.
Ari kuring mah nepi ka sakola SMA ogé duka teuing, teu hayang nanaon. Harita mah  meumeujeuhna resep ulin. Ulin jeung ulin dina uteuk téh. Di sakola harita, loba ngalamuna batan ngaregepkeun pelajaran ti guru. Loba mabalna, batan diajarna.
Batur suhud sakola, kuring katut si Sulé mah, méh unggal poé teu élat nangkring di stamplat Pasirhayam.  Stamplat tujuan ka wewengkon Cianjur kidul.    Di stamplat, ngabako ngalor ngidul jeung calo, supir, katut kenék atawa patugas LLAJ sabot etéman pinuh.  Duka atuh,  kana diajar kuring mah teu resep. Hawana tunduh waé. Sok rét deui rét deui nempo érloji hayang geura bubaran.   
Kahirupan kulawarga kuring harita kaitung jalma aya. Bapa minangka anémer nu sok ngaborong wangunan pamaréntah.  Indung kuring kitu-kitu gé najan pagawé handap pagawé nagri di kabupatén.  Ngan éta, jarang araya di imah, sibuk ku kagiatan séwang-séwangan.  
Tara sok sugan nanya rék miang atawa tas mulang ti mana? Ari kawénéhan mulang peuting, tara sugan  nanya kumaha kaayaan sakola, Jang? Komo ningali rapot mah. Da ari diondang ka sakola lamun pareng aya kumpulan orang tua, cukup diwakilan ku Bi Ijah, nu purah babantu di imah.
Aya kana dua welas taun kuring nyalo di stamplat Pasirhayam. Purah nyokot emélan duit ti beus jalur nu ka Jakarta atawa Sukabumi.  Sakapeung nyaloan élf atawa beus tilu parapat jurusan kakidulkeun.  Tampolana jadi supir témbak ngaganti supir élf anu kagok  maén rémi atawa  ngaguher tibra balas lalajo bola nepi ka subuh.
Hirup di stamplat mah hawana teu weléh bayeungyang. Panas hawa, nya panas haté.  Teu kaopan. Kasigeung saeutik teu weléh hahaok. Lamun ngobrol, garihal jeung sugal   paheuras-heuras genggerong adu tarik jeung sora knalpot. Malah mindeng sok nepi ka galungan alatan parebut panumpang. Di warung nu  nyempod, sok katara nu télér loba teuing arak, gélé, atawa nyabu.
Di stamplat, lain ukur patalimarga nu patingsuliwer nganteurkeun panumpang ka daérah tujuan. Di stamplat pisan kuring mindeng papanggih jeung babaturan sakelas baheula, ogé guru anu turun-naék di dieu.  Mimitina mah éra.  Lila-lila mah biasa alatan ku bakat.  Bakat ku butuh. Butuh waragad pikeun makayaan kulawarga.  Nya di stamplat, lian ti sumber kipayah, kuring meunang  informasi babaturan baheula.     
Tina opat puluh lima batur kuring sakelas basa SMA,  ukur lima urang anu teu puguh pacabakan, kaasup kuring.  Dua urang geus mulang ka jati balik ka asal dipundut ku Nu Kawasa.  Lamun aya babaturan nu rék nyaba atawa mulang ti panyabaan sok ngadon reureuh heula di stamplat. Nungguan elf atawa beus nu  elat. Kukuring sok diajak ngobrol. Urusan nyaloan sok dika Sulé-keun sakeudeung.
Jeung Sulé, sohib sagulang sagulung basa di SMA.  Batur ulin nu sok abring-abringan baheula, kawas si Item ayeuna purah kuli manggul di pasar induk Cianjur.  Si Balok ngageugeuh stamplat Rawabango.  Hiji deui si Rebéh ngaligeuh, tapi sok kawénéhan luntang-lantung di  Ramayana.
Dua taun kamari, kuring kungsi amprok jeung Dodo minangka katua kelas baheula. Dodo imahna di Campaka.  Kulawargana hirupna basajan. Bapana purah ngala batu piemaseun. Mindeng asup ka torowongan jero taneuh.  Nyaéta, kalan-kalan meunang rada muncekil, dibagi rata jeung batur sejena. Teu saeutik anu nyabok. Tina batu anu digulundung, taya emasna saeutik-eutik acan.  

TRIBUNJABAR, Rabu, 31 Juli 2013 (2)
Ayeuna Dodo jadi tentara. Dinesna di Pusdikpasuss Batujajar Bandung.  Kuring muji ka Dodo. Kaitung pinter téh aktip olahraga. Keur ngasah bakatna, Dodo milu Pramuka jeung Paskibra. Ogé béladiri.  Najan diudag-udag waragad sakola, sumanget diajarna teu weléh ngagedur.
“Nya, basa aya pendaptaran Akabri, abdi ngawantunkeun nyobi seleksi di Ajendam Bandung. Nu matak kataji, pédah haratis biayana. Da ari kuliah mah, teu kaérong waragadna.  Ngawitan  tés administrasi, harita bulan April, ijasah tacan aya, nya cekap nganggo serat katerangan ti sakola. Sabada ujian, abdi ngiring tés fisik, kasamaptaan, pengetahuan, psikotés, dugi ka Pantuhir alhamdulillah lancar. Pas kalulusan, abdi langsung dikintun ka Magelang. Numawi dina acara perpisahan sakola, abdi teu ngiring aub,” ceuk Dodo teu weléh lemes, padahal nembrak balok konéng tilu dina taktak nandakeun pangkatna geus jadi Kaptén. Budak basajan ti baheula Dodo mah.  Harita Dodo nyelang mulang ka lemburna Campaka. Meungpeung aya cuti, kalayan ngahaja teu maké mobil dines.    
“Alus milik, énté mah Do. Getén jeung tulatén. Baheula mah kuring, dasar resep ulin di stamplat ieu, nya kiwari jadi pacabakan matuh kuring jeung Sulé. Geus titis tulis nasib kuring meureun. Bener, buah  ragrag tara jauh ti tangkalna. Cing, Do sabaraha urang batur sakelas nu dines di kesatuan?” ceuk kuring angger wé loma. Teu kagok sugan pedah Dodo geus jadi perwira. Asa kawas baheula basa di sakola. 
“Aya lima urang, saémut abdi mah. Dimi anu gugur seléksi di Magelang basa sareng jeung abdi, ahirna nyandak Secaba di Cimahi. Ayeuna dines tugas janten  babinsa di Agrabinta. Eri di kesatuan 312 Kalahitam di Wera. Ramdani di kesatuan para Yon Zipur Ujungberung ayeuna ditugaskeun di Nangabadau, tapel wates jeung Malaysia.  Hiji deui, Dadang dines di Paskhas AU Sulaéman Bandung,” jawab Dodo meni jentré.   Kuring ukur ngembang kadu.
“Henteu capé, Do? Pajar sok dipahala ku pelatih?” cekéng téh kataji ku carita Dodo.
“Moal, ari pami urangna disiplin jeung saged mah …” walon Dodo bari ngarérét érlojina.
“Ari dahar daging oray, naha bener éta téh, Do?” kuring beuki panasaran, hayang atra, sakumaha carita batur, ceuk béja,  tentara kudu wani ngadahar daging oray. Kuring mah fobia kukurayeun ku oray mah, pangsieuna.
“Karandapan basa latihan survivel.  Latihan éta minangka simulasi lamun dina tempur, heug regu urang dikurung musuh. Prajurit kudu tahan uji. Kudu tetep ihtiar.  Jalur logistik geus dipegat musuh, moal aya dahareun.  Ambéh teu salatri,  dangdaunan, beubeutian, atawa bungbuahan kaasup sasatoan siga oray, minangka ganjel peujit. Di Gunung Tidar kajadiana.” Dodo ngajelaskeun mangsa digodog di kawah candradimuka di kesatrian Magelang. Kuring bati unggut-unggutan milu reueus.  
“Teu sieun karacunan, eta téh Do,” cekéng téh rada curinghak. 
“Pan aya élmuna, Teu sadayana beubeutian atawa pupucukan diala. Aya anu dicaram, kalebet oray. Huluna kudu dipiceun ha ha..,” ceuk Dodo ditungtungan ku ngagakgak seuri. Dua sohib anu samangsa kiwari béda pacabakan pating béléngéh seuri bangun ku ni’mat.  Sono lawas teu tepung. Obrolan kuring jeung Dodo kapegat ku mobil xenia  asup ka stamplat.  Ngajemput Dodo. Kulawargana  ti Campaka.  Dodo ahirna pamitan.
Kuring kungsi ngobrol jeung Titin.  Titin gé sarua ti kulawarga basajan.  Kolotna buburuh purah jaga jaring apung di Jangari.  Basa kalulusan manéhna milu tésting ka STAN Jakarta. Ceuk Titin, sakola di STAN mah haratis.  Tinggal daékna.  Taun kahiji geus dipahugi buku, sapatu jeung alat sakola. Taun kadua diangkat CPNS.  Bada lulus, ukur nungguan sabulan, Titin langsung ditempatkeun di Kantor Pelayanan Pajak kota Sukabumi.  Anu ka STAN, ceuk informasi Titin mah aya hiji deui, Soni.  Soni si kutu buku baheula milih jurusan Béa Cukai. Ayeuna ditempatkeun di Kantor Béa Cukai Gedébagé Bandung. 
“Ari Néng Mérlin di mana ayeuna, Tin?” ceuk kuring hayang apal ka batur sakelas nu kungsi ditaksir ku kuring.  Titin sakadar imut bari ngadelék.
“Heuheuy deuh, geuning masih nyangcang duriat téh ….. Ayeuna  Néng Mérlin mah janten PNS di Pemkot Cimahi.  Kapungkur daptar ka IPDN Jatinangor teu katampa. Anjeuna nyobi deui sakali. Daptarna di Pemkot Cimahi, da basa daptar, ngranjrekna di Cimahi ngiring éyangna,” jawab Titin ngagonjak kuring.  Kuring  ukur kéom. “Sukur wé atuh, Néng ari sukses mah,” gerentes haté kuring.
“Ari Jénal?” cekéng téh panasaran ka Jénal, urang basisir kidul anu indekos basa SMA di kota Cianjur. 
“Jénal mah teu neraskeun. Tapi ngiring keurseus béngkél.  Ayeuna muka béngkél di Sindangbarang, usaha maju tur sohor sawewengkon éta mah,” ceuk Titin teu kebat, kaburu aya beus “MGI” nu ka Sukabumikeun. Kuring bati neureuy ciduh.  Geuning batur mah geus tingbelecir lalumpat hirup téh.  Kuring taya hojah. Hirup muter siga panggal.  Cameubleu di hiji tempat.

TRIBUNJABAR, Kamis, 1 Agustus 2013 (3)
Mangkukna patepung jeung Aas di kantin stamplat Pasirhayam. Bada lulus sakola, Aas neruskeun kuliah di PGSD UPI. Milihna Kampus Cibiru.  Ngarah praktis cenah, ti Cianjur tinggal  megat beus Garut, turun di Cileunyi. Ti dinya naék angkot ka Cibiru ukur sarébu perak.  Ari Nenden mah, batur sabangku Aas baheula, milih PGSD Bumi Siliwangi anu perenahna di Lédeng. Sok kana “Maya Raya” nu liwat ka Pasteur. Turun di Pasirkaliki. Ti dinya langsung naék angkot Lémbang.
Basa aya pangangkatan guru-guru SD program D-2 sakumna mahasiswa PGSD  langsung diarangkat pagawe nagri.  Aas ditempatkeun di Pagelaran.  Batur Aas, kawas Siti, Dawa, Meli, Indri, ayeuna jaradi guru SD di wewengkon Cianjur liana.  Dumasar kana  katerangan Aas, batur sakelas nu jadi guru aya kana dua wélasna.   
“Kuring mah teu ngarti ku si Juhli, budak baheula ololého, matematika ukur ceuli monyét. Lamun diajar IPA sok mudeng, lumakuna siga banci. Kamari papanggih geus maké Avansa. Basana gojéh mamalayuan sagala, kaca panon hideung, siga nu cageur … ,” cekéng téh bari anteb teleb ngenyot sigarét. Haseupna dikaluarkeun siga angka enol muter hiber ka jomantara.
“Na, teu apal Kang Juhli?” tembal Aas bari ngaluarkeun tisu dina kantongna.
“Emang jadi naon si Olél?” témbal kuring nu sok ngalandi si Olél ka Juhli téh.  
“Kang Juhli mah bakatna seni téater. Anjeuna mah teu kuliah, tapi aktip di sanggar téater. Ayeuna mah sohor jadi artis sinétron.  Numutkeun tabloid “Gosip Miring”, ayeuna nuju ngagarap sinétron “Warisan” anu latarna daérah Cianjur.  Maenya Akang teu apal ka seleb?” ceuk Aas kituna téh bari nyusut  késang. Panonpoé meumeujeuhna  papanasna.
“Na, bisa jugala kitu. Pan peunteuna gé, bararutut si éta mah?” ceuk kuring asa teu ihlas. Nasib éléh ku si Juhli. Nu baheula mah bodo pisan, rangkingna gé teu weléh sahandapeun kuring.
“Is, teu kenging kitu, Kang. Gusti Alloh mah adil. Sagala mahluk dipasihan kaonjoyan séwang-séwangan. Sok sanaos hayam teu tiasa ngojay, tapi dipasihan alat tiasa kokoréh pikeun makayaan dirina jeung anakna. Atuh maung gaduh sihung pikeun kalanggengan hirupna. Manusa gé teu bénten, gaduh kaparigelan nu pinunjul séwang-séwangan. Kang Juhli teu pinter dina widang ngétang jeung sains, matak anjeuna ngarumaoskeun diri,  teu kabongroy janten guru matematika. Tapi parigel dina maén sandiwara.  Nu matak bakat anjeuna nyongcolang ti dinya, anu nganteurkeun sukses dirina,” Aas ngabejerbéaskeun  élmu panimuna salaku guru, yén manusa, ogé barudak, saéstuna geus dimodalan ku Gusti Maha Suci ti leuleutik. Tinggal kumaha ngokolakeuna, naha bakatna téh rék motékar atawa melempeum.
Diobrolan ku Aas kitu, haté meni kapeupeuh. Luk ngeluk tungkul kawas bueuk meunang mabuk. Tétéla batur-batur sakelas geuning geus bisa nataharkeun  bakat anu dimodalan ku Gusti Alloh dina jalan merenah. Modal pikeun makayaan diri jeung kulawarga kiwari.
Dodo sanajan latihan  beurat. Kudu naék gunung turun pasir, ari  dilakonan  kalayan ihlas mah geuning teu weléh senang.  Jenal onjoy tina usaha béngkél, sok sanajan baheula bolokot oli, ayeuna geus ngaheunang-ngahening.  Si Juhli budak ololého kawas béncong, tapi wantéran, purah ngalucu di hareupeun kelas, mindeng ditanggap batur sakelas, ayeuna sukses jadi artis. 
Emh, hirup kuring mah kalah sué.  Wawales jalma ngedul diajar.  Basa rengsé ujian baheula, batur mah soson-soson dialajar. Tulatén jeung getén  latihan soal-soal urut  ujian.  Minangka ihtiar pikeun ngahontal cita-citana hayang katampa di paguron luhur.  Ari kuring kabawa sakaba-kaba. Histeria pedah lulus.  Senang-senang,  abrul-abrulan. Momotoran. Dunya asa nu sorangan.  Basa sohib dalaptar  ka paguron luhur, kuring  ukur nganteur.  Teu kungsi meuli formulir. Resep wé ngécéng wanoja gareulis nu keur ngantri dalaptar.
Obrolan guru Aas bener. Gusti Alloh mah nyieun manusa dilengkepan bakatna séwang-séwangan.  Baheula kuring resep pisan maén bal, hanjakal teu diteruskeun. Kadoja ku gunemcatur nangkring di stamplat.  Bambang Pamungkas, Atep Kurnia, Gonzales bisa sohor alatan  maén bal. Di tingkat dunya aya Figo, Suarez, atawa  Ronaldo nu sukses ngasah  bakatna bisa  ngageunjleungkeun dunya bola.
Sugan acan elat, kuring jangji ka diri. Ti ayeuna rék neundeun cita-cita. Rék narékahan si utun sangkan boga cita-cita anu hadé.   Pikeun diri kuring, sanajan pacabakan ukur calo stamplat,  leuwih hadé tibatan kulawarga jugala nu teu boga cita-cita jeung paduli kana atikan barudak kahareupna.  **   
 Soekarno-Hatta lebah UNINUS pasosore


Tidak ada komentar:

Posting Komentar